Pages

  • Twitter
  • Facebook
  • Google+
  • RSS Feed

Rabu, 09 April 2014

MAYIT HUDANG

Tidak ada komentar:
 
Oleh: Unang Sumarna
     
      “ Mang Sukro maot.” Datang - datang Si Adè hariweusweus nyarita ka kuring.
      “ Nu balèg Sardè?” Tembal tèh satengah teu percaya. Si Adè unggeuk, tuluy nyarita deui.
     “ Bener bieu cenah. Uing gè ayeuna rèk kaditu ngalayad. Akang rèk milu moal?” Cenah bari mencrong ka kuring.
     ‘ Inalillahi wainailaihi roji’un, henam atuh Dè urang bareng.” Omong tèh, terus ngolèsèd tina golodog. Saenggeus bèbèja kanu di imah mah, kuring leumpang nuturkeun Si Adè nu geus ngingkig tiheula.
     “ Kunaon cenah Sardè, maotna mang Sukro tèh?” Kuring nanya ka Si Adè, sanggeus leumpang kuring sajajar jeung manèhna.
     “ Lantaran geus euweuh nyawaan wè meureun mang.” Tèmbal Si Adè kalem.
     “ Nya heueuh atuh kanjut, nu modar mah euweuh nyawaan. Maksud tèh maotna alatan kajadian naon, gering atawa kacilakaan? Da asa teu kadangu - dangu gering.” Cekèng bari rada keuheul. Tapi teu wudu nyengir ogè. Si Adè anggur pipilueun nyengir pikasebeleun.
     “ Tabrakkan cenah kang, basa balik ti pasar. Ojèg nu ditumpakkanana disuruduk beus. Motorna kapangpèngkeun kana gawir, mangkaning jero. Atuh motor, Mang Sukro jeung tukang ojègna sorangan, nepika teu kapuluk deui. Malah ceuk nu ngadarongèng mah , sirah Mang Sukro jeung sirah tukang ojèg tèh tepika misah.” Dongèng Si Adè teu kireum kireum.
     “ Nya heueuh atuh kuya! Piraku ari ngahiji mah. “ Tèmbal tèh kèom. Terus balem. Asa kateuteuari ngobrol jeung nu teu hideng mah, gerentes tèh.
*     *     *
     Di imah nu kapapatènan kasampak geus riab jelema. Aya nu dijero imah, aya ogè nu ngagimbung di buruan. Sawarèh aya nu hideng, dok - dak meulahan suluh.
     Di tengah imah budak Mang Sukro sadua dua ceurik ngadingdiut. Barudak nu keur meumeujeuhna pibapa, bet dipisahkeun ku pati. Sedeng bojo Mang Sukro mah, ti barang layon Mang Sukro datang gè, les waè kapiuhan, teu inget di bumi alam. Atuh ribut pada nyeuceuhan ku tatanggana nu dareukeut.
     Layon dipulasara sakumaha mistina. Sanggeus dimandian jeung diboèhan, terus disolatkeun di tengah imah. Teu lila datang jurungan nu tadi dititah ngagali lombang  pikeun mendem Mang Sukro, ngabèjaan yèn lombang geus sayaga. Atuh geuwat geuwat layon nu meunang mulasara tèh diasupkeun kana pasaran.
     Tapi, pas arèk bring pisan dialanteurkeun ka astana, bet teu kuhanteu, breg hujan turun gedè pisan lir nu dicicikeun ti langit. Padahal tadi mah, langit taya tanda tanda rèk nurunkeun hujan. Atuh niat tèh jadi kandeg. Kabèh nu rèk nganteur baralik deui, ngariuhan ka jero imah. Sedengkeun layon mah teu dikaluarkeun deui tina pasaran. Kagok, rèncèd, ari kudu ngaluar ngajerokeun mah. Tungtungna diantep we dijero pasaran. Pasaranana ditunda digigireun imah nu kabeneran teu kasawèran. Jeung ku kabeneran, pasaranana makè roda deuih, jadi jangkung, teu sieun di korobèt ku anjing.
     Meunang meureun dua jamna mah, hujan ngagayer lir nu dicicikeun ti langit. Sabada raat mah bring waè layon tèh dialanteurkeun ka pajaratan. Pasaran di dorong lalaunan. Geus teu dipalirè jalan nu jeblog jeung leueur urut hujan cikènèh. Sapanjang jalan nu ngalanteurkeun teu eureun - eureun babacaan ngadungakeun Mang Suko sangkan dihampura sagala dosana.
     Keur jarongjon leumpang lebah nu nanjak bari husu gerenceman ngadu’a, ana celengkeung tèh aya nu nyorowok di aleu - aleu.
     “ Nanjak, nanjak, nanjaaak!” Cenah.
     Sakur nu ngalanteur ngarandeg, terus tingraringeuh, tuluy silih lieuk lir nu silih tuding.. Tapi pupuhu rombongan gancang - gancang ngahuit mèrè isarah sangkan ulah kapapanjangan. Anggur meuning gancang - gancang indit deui. Atuh bring rombongn tèh maju deui.
     Lebah nu mudun bet teu hanteu kadangu deui sora nu nyorowok disaleu - aleu.
     “ Mudun, mudun, muduuun!” Cenah.
     Pikeun nu kadua kalina nu ngalanteur tingraringeuh, tuluy silih lieuk, dièmbohan ku silih toèl jeung silih harèwos, silih tuding. Abringan kapaksa eureun.
     “ Tenang tenang, sadèrèk sadaya!” Pa lebè nu jadi pupuhu  nyoba nenangkeun rombongan.
Terus ngalieuk ka Pa RT. Pa RT surti, pok ngomong.
     “ Ayeuna sim kuring badè tumanya, saha diantawis para sadèrèk nu gaduh kalakuan kieu?” Ceuk Pa RT bari mencrong beungeut nu nganteur hji - hiji. Tapi taya saurang gè nu lèmèk, kabèh balem.
     Keur jempling kitu, ana hasih tèh, kadèngè sora nu beresin tarik nakeranan. Kabèh nu araya jadi arendag, tuluy nunjuk kana pasaran.
     “ Tina pasaran geuning Pa Lebè sora nu bersin tèh.” Ceuk salah saurang bangun nu hangham.
     “ Keur kitu katara pasaran tèh endag - endagan sorangan.
     “ Itu! Itu,, Pa Lebè! Mayit Mang Sukro hirup deui!” Omong nu sèjènna haroshos. Panonna tangka burial buncelik, beungeutna sepa.
     Ana beretek tèh nu ngalanteur  lalumpatan kaasup kuring jeung si Adè. Lumpat teu sirikna notog - notogkeun manèh bawaning ku sieun, bari jojorowokkan nyebutkeun yèn mayit Mang Sukro hirup deui, ninggalkeun Pa Lebè jeung Pa RT nu ngadon hookkeun, mata simeuteun, kasima neuteup pasaran nu usik - usikkan sorangan.
     Sanggeus sawatara jongjonan pa lebè sadar kana kaayaan, terus ngusap beungeut, maca istigfar sababaraha kali. Pa Lebè nepak taktak Pa RT gigireunana nu masih kènèh molohok kasima.
     “ Urang tèang kaditu Pa RT, naha bener nu usik – usikkan tèh layon Mang Sukro nu hudang deui.’ Ceuk Pa Lebè teuneung.
     “ Mangga wè ku Pa Lebè!” Pa RT anggur muringis. Pa Lebè mesem. Karèrèt ku juru panon Pa Lebè Ditukangeun manèhna Hansip Èyo teu milu kabur, kalah ngayekyek didinya. Tayohna bakat ku soak nepika teu bisa lumpat - lumpat acan.
     Pa Lebè gancqng ngadeukeutan Hansip Èyo..
     “ Èyo, geuning nyanèh teu milu kabur?” Pa Lebè nanya bari seuri.
      Hansip Èyo ngajawab arap - ap – eureup  - eup teu puguh. Terus ngadon alangah – èlèngèh. Katara ku Pa Lebè calana Hansip Èyo jemblang. Pa Lebè seuri kagugu.
     “ Èyo, Èyo, kawas lain lalaki waè. Èra atuh èta ku kumis jeung ku saragem hansip.” Omong Pa Lebè, terus ngalèngkah ngadeukeutan pasaran. Kituna tèh biwirna mah teu eureun gegerenceman babacaan, dianteur ku teuteup Pa RT jeung Hansip Èyo.
     Lalaunan tutup pasaran tèh dibuka ku Pa Lebè. Barang dibuka, ana cakakak tèh inyana seuri mani bangun nu ni’mat nakeranan, tapi saterusna ditungtungan ku nyarita lir nu keur nyarèkkan.
     “ Bebel! Kèhèd! Ngareureuwas batur waè siah. Bijil siah tidinya! Jeung nanahaeuhan deuih siah makè jeung ngajedog didinya sagala?” Ceuk Pa Lebè bari tutunjuk ku curukna.
     Pa RT jeung Hansip Èyo colohok mata simeuteun nempo kalakuan Pa Lebè, teu ngartieun. Ngan barang nempo nu nguniang hudang tina pasaran. Maranèhanana gè jadi milu ngehkey, malah Hansip Èyo mah geus cer ngompolan manèh deui waè.
     Horèng nu kaluar tina pasaran tèh, Si Nonoh, nu gèlo anyar urang Cidahu.
     Taksiran mah basa keur hujan tadi, si kasebelan tèh nèangan tempat pangiuhan. Nya manggih pasaran nu teu katalingakeun. Dasar nu èbèl, blus wè meureun manèhna tèh asup kana pasaran, ngarèndèng jeung layon Mang Sukro, nepika manèhna beresin teu kuateun ku nyegakna kamper jeung minyak seungit. Jeung deui pasti moal salah, manèhna wè meureun nu tadi nyorowok dialeu – aleu tèh.
     “ Dasar jurig! Ngeunah wè siah ku aing didodorong ti lembur mula.” Hansip Èyo gegeremet bangun nu keuheul kacida.

Ciamis 10 Mèi 1995

Manglè, 14 juni 1995.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
© 2012. Design by Main-Blogger - Blogger Template and Blogging Stuff