Oleh : Unang Sumarna
HP disada. Aya SMS asup. Ku kuring diangkat.
Ti Isti, kuring nyerengeh.
“
ass nj naon yeuh?” Cenah. Ku kuring dibales,
“
Nj sntey we. Aya nn kt? Tos sono nya””
“ Ich ta UU yah! Kdieu ath ari sty mah. Is teu aya btr ddieu.”
“
Siap!”
“
Mun kdieu cdk mklh kjian puisi ind. Urg ngjkeun tgs ssrngan.”
“
OK, yang. Ke bd ombeh heula. Nj
ngaheujeun yeuh,”
“ Ich jrk. Paingan bau ath kdieu. Cptan diantos.” Cenah nutup acara
Smsan.
Kuring jeung Isti sakelas, sarua mahasiswa tingkat dua sastra Indonesia disalahsahiji paguron luhur di kota kuring.
Geus meh opat bulan kuring jeung Isti jadian, Meureun ku bisa kituna teh
dumeh mindeng pagilinggisik jeung utamana mah sakaresep, sarua resep kana
puisi. Isti mah jago macana, malah kungsi juara pasanggiri maca sajak
sakabupaten, sedeng kuring mah meureun bagean nyieuna. Da ari dititah maca mah
komo hareupeun umum sek aya de pe alias demam panggung.
Isti mojang nu dedeganana jangkung leutik. Pakulitan bodas, Buuk meles
ngarumbay sed saeutik luhureun cangkeng. Kacapanon minus hiji mapaesan
pameunteuna.
Geulis ceuk sasaha ge Isti teh, ngan
hanjakal rada cuek. Malah ngaharib harib kana tomboy kalakuanana teh. Tapi
justru didinya daya tarikna .
Mun ngobrol teu bisa kalem siga putri karaton, cerewed nerewelang jeung
mun seuri ngagakgak teu bisa nahan. Asa
bisa diitung ka kampus make erok, mun rek ujian wungkul. Sasarina mah cukup
calana panjang pleus t- shirt. Kungsi bari
heureuy dititah rada anggun. Hih da teu kireum kireum, beginilah sayah adanya,
cenah bari
ngahahah.
Kuring sok kateter jajaten mun ngobrol jeung manehna. Komo mun paadu
paham soal sastra. Kuring mah ngomong teh kakara sakecap. Manehna mah geus lima kecap.
Cicing cicing loba nu neundeun hate ka Isti, tapi Isti anggur mikeun
hatena ka kuring. Nu ceuk sareat mah bisa disebut mahasiswa ledrek, can opat
poe mah calana panjang dipake dipeleter ka kampus, can hayang salin. Baju ge
anti dileot. Sedag sedig bin ledrek pokona mah.
Pasangan serasi sarua cuekna ceuk babaturan
tea mah ngagonjak. Wallualam naha
murni muji atawa sinis.
* * *
Kuring geus anjog ka imah Isti. Imah sigrong pulas bodas. Buruanana lega
pinuh ku kekembangan. Ditengahna aya babalongan leutik make airmancur.
Kuring mencet bel nu naplok na panto, teu lila panto aya nu muka tijero.
“
Lami pisan sih, mani kesel ngantosan.” Cenah rada ngagadeud.
“
Tuda bade teu nineung kumaha, nu diantosana sakieu kasepna.” Cekeng bari nyerengeh. Isti jebi.
Kuring diuk dirohang hareup.
“
Bade eueut naon?” Isti nanya.
“
A O we upami aya mah.” Cekeng saengabna.
“
Oh A O, angeun oyong. Ke atuh cuang diseblokeun kana mastaska didinya.” Cenah bari molotot. Kuring
ngaheheh.
“
Heureuy atuh Is. naon belah. Naon ogenan upami nu nyayogikeunana nu geulis mah
sok karaos nikmatna.” Cekeng rada gombal.
“ Ngga atuh upami kitu mah. Itu aya sesa racun serangga di dapur. Bade
ngangge es atawa moal.” Teu eleh geleng bisa we nembalana mah.
“ Mangga, asal sasarengan we ngarotna.”
Cekeng. Isti jebi. Terus ngaleos katukang, taksiran rek mairan cai.
Teu lila Isti geus jebul deui bari
mawa gelas dua eusi cijeruk.
“
Mana makalah teh?” Isti nanya deui.
“
Tah ieu.” Tembal teh bari
ngasongkeun makalah ka Isti.
“
Tugasna mana geura, sok urang kerjakeun.” Cekeng deui. Isti ngaluarkeun buku
catetan tina kantongna.
“
Parentahna teh identifikasi hakekat dan metode puisi dari puisi puisi dibawah
ini.” Isti ngajelaskeun.
“
Alah, enteng atuh nu kitu mah.’ Cekeng.
“
Sok atuh kerjakeun!” Isti muncereng.
“
Hakekat puisi aya opat, nyaeta tema, nada, rasa jeung amanat. Tema mah mangrupa
pikiran utama tina puisi. Ari rasa mah sikep nu nulis kana objek puisina, naha sedih, bungah atawa
cinta. Ari nada mah, sikep pangarang kanu maca, naha midangdam, mapagahan jste. Tah lamun
amanat mah nyaeta pesen nu hayang ditepikeun pangarang kanu maca. Saterusna mah
metode puisi aya lima
nyaeta, diksi, majas, image, kata nyata, rima jeung ritme…”Cekeng. Saterusna
kuring ngadon padungdengan ngabahas tugas puisi tea.
Diluar hujan mimiti pras pris. Ngalieuk kana jam dinding, tabuh lima . Teu lila breg
kadenge hujan ngagedean lir nu dicicikeun ti langit.
“
Bade tuang?” Isti nanya sanggeus rengse ngerjakeun tugas kuliah. Kuring gideug.
“
Kamarana ieu teh. Asa tariiseun kieu. Tibarang hol asa teu kadangu sora
jalmi.” Cekeng bari luak lieuk. Leungeun ngodok saku kameja
ngaluarkeun roko. Sut disundut hiji.
“
Teu araya. Apa sareng ibu nuju kauleman. Rai ge diajak.” Cenah.
Diluar hujan beuki seah. Kapegung yeuh teu bisa balik. Jarum jam dinding
terus maju. Teu karasa geus liwat magrib. Kulawarga Isti ge can marulang. Sarua
tayohna mah kapegung hujan.
“
Ke we uih mah ngantosan hujan raat. Apa sareng ibu ge jigana mah kapegung
hujan.” Isti nyarita jiga nu terus rasa. Kuring unggeuk. Sajongjonan mah ngadon
paheneng heneng.
Karasa angin tiis ngagelebug kajero. Kuring ngadeukeutan Isti. Nu tadina
diuk pahareup hareup kiwari jadi pasgegeye na korsi panjang. lalaunan raramo
Isti nu lalencop mucuk eurih ku kuring dirawu. Teu nolak. Anggur nyarandekeun
sirahna kana taktak. Teu, teu seungit farfum. Si eta mah anti make farfum.
Ku kuring lalaunan buukna nu panjang diusapan. Hawa tiis nu nyacep diluar
kasilih ku hawa haneut tina kakuatan cinta. Rasa endah jeung rasa asih
pagaliwota dina dada dua insan nu keur mabok cinta. Geleterna nyelesep sakujur
raga. Lalaunan tarangna ku kuring diambung. Manehna peureum.
* * *
“ Nanaonan sih…!” Isti nyurungkeun dada
kuring satarikna bari
nyentak. Kuring ngagurubug, satengah luncat ngajauhan Isti.
“
Astagfirullahaladzim.” Kuring istigfar. Awak kuring geus neueul kana awak Isti.
Ampir wae kasorang laku lampah nirca.
Kuring jeung Isti memener pakean nu sing sarwa kusut. Allhamdulllah Ya
Alloh, kuring jeung Isti ditangtayungan keneh, teu nepika ngalakukeun pagawean
nu dilarang agama.. Hawa tiis jeung simpe ampir wae ngagebruskeun kuring duaan
kana jurang kahinaan. Kacipta mun kajadian setan baris seuri ambal ambalan
hasil nyered kuring duaan jadi batur maranehna pikeun ngeusian naraka nu
seuneuna ngabebela.
Isti ceurik bari
nungkupkeun dua dampal leungeuna kana beungeut.
“
Hapunten Is.”Cekeng dareuda. Aya kahanjakal sakaligus rasa ngemplong jero dada.
Isti teu nembal. Ukur taktakna nu oyag oyagan. Sisimekeun.
“
Tos ulah nangis. Urang malah kedah sukuran. Urang teu nepika ngalakukeun nirca.
Urang masih ditangtayungan ku Alloh teu nepika ngalakukeun jinah. Ampir wae
mahkota urang duaan leungit gara gara pangajak hawa nafsu.” Cekeng bari ngadeukeutan Isti.
Leungeun ngusapan buukna. Taya nu cacarita. Bener ceuk paribasa lamun paduduaan
dinu simpe sok aya pihak katilu nu nembrong nyatana setan.
Sakedapan ukur sora tik tekna jam dinding nu naplok na tembok jeung sora
sisimekkeunana Isti nu kadangu. Diluar hujan mimiti raat. Kuring amitan ka
Isti.
Lebah lawang panto panona nu pinuh ku rasa asih diteuteup ku kuriong.
Liuk linduk cop jang pangreureuhan diri nu leuseuh diayun ambing impian. Jauh,
jauh pisan jeung sasari nu kalakuanana tomboy.
“
Ludeung nyalira di bumi?” Kuring nanya memeh jung. Manehna unggeuk.
“
Hapunten nya Is.” Kuring nyarita deui. Manehna unggeuk bari maksakeun imut. Leungeunas ku kuring
diranggeum, manehna males ngaranggeum siga nu embung pukah. Celengok diambung.
Diluar bulan mimiti kaluar seja makalangan, nyilih kalangkang hujan nu
tadi ngawasa langit.
* * *
Sabun, odol, sampo geus beak. Maksud teh kuring sore ieu rek balanja ka
Yogya ( dept store ).
“
Kang Nang!” Kuring rungah ringeuh. Kana
ceuli kadenge sora nu ngagentraan ngaran kuring. Sora awewe. Kuring nglieuk ka
lebah datangna sora.
Seblak, hate ujug ujug mnyeblak. Hate dak dumadak ratug tutunggulan.
Kuring nyampeurkeun wanoja make jilbab nu bieu ngagentraan.
“
Ida. Leres Ida ieu teh?” Kuring mehmehan teu percaya. Manehna imut bari nyolongkrong ngajsak
sasalaman.
“
Damang?” Manehna nyarita.
“
Sae, sawangsulna?”
“ Allhamdulilah.”
“Dimana ayeuna teh Da?” Kuring nanya.
“ Aya we didieu. Itu nuju nganjang ka
teteh.” Cenah bari
nunjuk kalebah hiji warung nasi nu aya na palataran Yogya. Ras kuring inget yen
memang lanceukna teh muka usaha warung sangu na palataran Yogya
“
Sanes di Bogor kapungkur teh?” Cekeng. Ras inget dua taun katukang inyana teh
miang ka Bogor
seja masantren.
“ Ah da mung sataun masantrena mah. Ari
akang dimana ayeuna?” Cenah malik nanya.
“
Didieu, nuju ngadeg payuneun Ida,’ Cekeng. Manehna imut.
Dua taun katukang kuring wanoh ka Ida teh. Tapi teu boga rasa nu istimewa,
da kukarumasaan. Tangtungan kuring jeung inyana lir bumi jeung langit. Kuring
mah tagog gembel sudag sedig. Manehna mah tagog santri teu weleh bareres
beresih .
Ku kuring teu diandel waktu loba nu nyalam
nyalamkeun ti manehna. Angkeuhan teh jijieunan maranehanana wungkul. Tapi
kuhantem diojok ojok mah leah oge hate teh. Hate geus gilig seja silih belaan
cinta jeung Ida.
Tapi hanjakal, cinta teh layu memeh mangkak. Memeh kuring kaburu wakca ka
Ida, inyana geus miang manten seja nyuprih deui elmu alias masantren ka bogor . Ninggalkeun kuring
jeung sajuta harepan nu reuntas. Teu, teu kungsi panggih deui heula.
Kuring ge teu kateterusan kagegeringan. Kuring ge lahaola seja neruskeun
deui sakola. Kuring taun eta seja neruskeun kuliah, nepika pamustunganana
panggih jeung Isti.
“
Serieus atuh kang. Dimana ayeuna teh?” Manehna nanya deui.
“
Urang dilebet we yu ah ngobrolna ambeh rineh. Didieu mah isin seueur nu lalar
liwat.” Cekeng. Manehna unggeuk.
* * *
Kuring diuk pahareup hareup di kafe jero Yogya. Manehna mah pesen oren
jus, kuring mah nyanghareupan koka kola.
Seblak, hate pakseblak mun inget deui kana carita lawas. Cinta nu kapendem
teu kungsi kabudalkeun, kiwari mangkak deui. Sawangan cinta jeung Ida mimiti
ngarobeda jero dada. Terus pagaliwota. Piligenti nembongan jeung kalangkang
Isti.
“
Ngadangu teh saurna kuliah nya?” Ida nanya. Keukeuh panasaran.
“
Wah hebat atuh?” Cekeng
Dua taun waktu teh asa sajorelat. Teu disangka sangka teu dirancana bet
kiwari panggih deui. Kacirina manehna leuwih dewasa jeung leuwih geulis.
“
Ka urang mana kitu kabogoh the ayeuna Da?” Cekeng muka deui obrolan.
“
Duka, da teu can ngemut kadinya.” Cenah.
“
Kumaha atuh upami ayeuna cios dilamar ku akang.” Cekeng. Lohong tidituna mah.
“
Upami akang serieus mah teu aya pamengan. Abi mah seja ngiringan. Istri mah
dulasng tinande. Kapungkur ge masing uhun resep ka akang da ngantosan ditaros
ti payun ku akang. Meureun ieu tos takdir tinu maha kawasa urang tiasa pendak
deui.” Cenah sadrah, teger tur daria pisan dina nembalanana. Taya riuk riuk
heureuy. Luk tungkul;. Katara pipina bareubeu beureum. Tina juru juru panona
ngalembereh cai herang lir mutiara.
Jelebet kana dada asa aya nu neunggeul satakerna. Kuring istigfar jero
hate, kakara sadar. Naha
bet diri wani nyarita kitu. Antukna ku manehna ditampa kalawan daria.
Dada karasa eungap lir nu diheumpikan batu sagede nanahaeun Kakara sadar
manehna mah moal bisa diajak banyol. Masing enya kuring kungsi neundeun hate ka
manehna, tapi da ayeuna mah geus beda mangsana. Tada teuing nyeri jeung raheut
hatena saupama apal yen eta teh teu dines?
Barasatt barasat, kalangkang mamanis jeung Isti salila ieu narembongan.
Piraku kudu hianat? Isti nu geulis, pinter, bageur, satia, asa kurang kumaha?
Ret
deui ka awewe nu aya hareupeun. Hate teu bisa disumputkeun ,kuring bogoh
kamanehna, sok sanajan geus lain mangsa. Manehna nu lungguh, soleh, jago ngaji,
nu kungsi ngeusian lambaran lamunan kuring sawatara taun katukang.
Gusti naha
biwir the bet ujug ujug ngacapruk teu puguh, jeung ujug ujug wani ngedalkeun
kitu? Akibatna…?
Bingung kudu kunaha pilakueun.
“
Kumaha Kang?” Manehna nanya kebek harepan.
Kuring ngaheruk. Bingung. Bingung! Dunya asa ngaheureutan. Langit asa tungkeb, asa jujumplukan murag
ninggang raga. Eungap ku kabingung..
Bingung. Rarasaanm cahya lampu asa serab patringbarasat kana heherang
panon. Kalangkang dua awewe ucang ucang na kingkolak mata. Antara I jeung
I. Kudu kumaha pilakueun kuring kiwari?
CAFÉ GALUH, 200407



