Pages

  • Twitter
  • Facebook
  • Google+
  • RSS Feed

Rabu, 09 April 2014

Oleh : Unang Sumarna

HP disada. Aya SMS asup. Ku kuring diangkat. Ti Isti, kuring nyerengeh.
     “ ass nj naon yeuh?” Cenah. Ku kuring dibales,
     “ Nj sntey we. Aya nn kt? Tos sono nya””
      “ Ich ta UU yah! Kdieu ath ari sty mah. Is teu aya btr ddieu.”
     “ Siap!”
     “ Mun kdieu cdk mklh kjian puisi ind. Urg ngjkeun tgs ssrngan.”
     “ OK, yang. Ke  bd ombeh heula. Nj ngaheujeun yeuh,”
      “ Ich jrk. Paingan bau ath kdieu. Cptan diantos.” Cenah nutup acara Smsan.
      Kuring jeung Isti sakelas, sarua mahasiswa tingkat dua sastra Indonesia disalahsahiji paguron luhur di kota kuring.
      Geus meh opat bulan kuring jeung Isti jadian, Meureun ku bisa kituna teh dumeh mindeng pagilinggisik jeung utamana mah sakaresep, sarua resep kana puisi. Isti mah jago macana, malah kungsi juara pasanggiri maca sajak sakabupaten, sedeng kuring mah meureun bagean nyieuna. Da ari dititah maca mah komo hareupeun umum sek aya de pe alias demam panggung.
     Isti mojang nu dedeganana jangkung leutik. Pakulitan bodas, Buuk meles ngarumbay sed saeutik luhureun cangkeng. Kacapanon minus hiji mapaesan pameunteuna.
     Geulis ceuk sasaha ge Isti teh, ngan hanjakal rada cuek. Malah ngaharib harib kana tomboy kalakuanana teh. Tapi justru didinya daya tarikna .
     Mun ngobrol teu bisa kalem siga putri karaton, cerewed nerewelang jeung mun seuri ngagakgak teu bisa nahan.  Asa bisa diitung ka kampus make erok, mun rek ujian wungkul. Sasarina mah cukup calana panjang pleus t- shirt. Kungsi bari heureuy dititah rada anggun. Hih da teu kireum kireum, beginilah sayah adanya, cenah bari ngahahah.
     Kuring sok kateter jajaten mun ngobrol jeung manehna. Komo mun paadu paham soal sastra. Kuring mah ngomong teh kakara sakecap. Manehna mah geus lima kecap.
     Cicing cicing loba nu neundeun hate ka Isti, tapi Isti anggur mikeun hatena ka kuring. Nu ceuk sareat mah bisa disebut mahasiswa ledrek, can opat poe mah calana panjang dipake dipeleter ka kampus, can hayang salin. Baju ge anti dileot. Sedag sedig bin ledrek pokona mah.
     Pasangan serasi sarua cuekna ceuk babaturan tea mah ngagonjak. Wallualam naha murni muji atawa sinis.
*     *     *
     Kuring geus anjog ka imah Isti. Imah sigrong pulas bodas. Buruanana lega pinuh ku kekembangan. Ditengahna aya babalongan leutik make airmancur.
     Kuring mencet bel nu naplok na panto, teu lila panto aya nu muka tijero.
     “ Lami pisan sih, mani kesel ngantosan.” Cenah rada ngagadeud.
     “ Tuda bade teu nineung kumaha, nu diantosana sakieu kasepna.” Cekeng bari nyerengeh. Isti jebi.
     Kuring diuk dirohang hareup.
     “ Bade eueut naon?” Isti nanya.
     “ A O we upami aya mah.” Cekeng saengabna.
     “ Oh A O, angeun oyong. Ke atuh cuang diseblokeun kana mastaska didinya.” Cenah bari molotot. Kuring ngaheheh.
     “ Heureuy atuh Is. naon belah. Naon ogenan upami nu nyayogikeunana nu geulis mah sok karaos nikmatna.” Cekeng rada gombal.
      “ Ngga atuh upami kitu mah. Itu aya sesa racun serangga di dapur. Bade ngangge es atawa moal.” Teu eleh geleng bisa we nembalana mah.
      “ Mangga, asal sasarengan we ngarotna.” Cekeng. Isti jebi. Terus ngaleos katukang, taksiran rek mairan cai.
     Teu lila Isti geus jebul deui bari mawa gelas dua eusi cijeruk.
     “ Mana makalah teh?” Isti nanya deui.
     “ Tah ieu.” Tembal teh bari ngasongkeun makalah ka Isti.
     “ Tugasna mana geura, sok urang kerjakeun.” Cekeng deui. Isti ngaluarkeun buku catetan tina kantongna.
     “ Parentahna teh identifikasi hakekat dan metode puisi dari puisi puisi dibawah ini.” Isti ngajelaskeun.
     “ Alah, enteng atuh nu kitu mah.’ Cekeng.
     “ Sok atuh kerjakeun!” Isti muncereng.
     “ Hakekat puisi aya opat, nyaeta tema, nada, rasa jeung amanat. Tema mah mangrupa pikiran utama tina puisi.  Ari  rasa mah sikep nu nulis kana objek puisina, naha sedih, bungah atawa cinta. Ari nada mah, sikep pangarang kanu maca, naha midangdam, mapagahan jste. Tah lamun amanat mah nyaeta pesen nu hayang ditepikeun pangarang kanu maca. Saterusna mah metode puisi aya lima nyaeta, diksi, majas, image, kata nyata, rima jeung ritme…”Cekeng. Saterusna kuring ngadon padungdengan ngabahas tugas puisi tea.
     Diluar hujan mimiti pras pris. Ngalieuk kana jam dinding, tabuh lima. Teu lila breg kadenge hujan ngagedean lir nu dicicikeun ti langit.
     “ Bade tuang?” Isti nanya sanggeus rengse ngerjakeun tugas kuliah. Kuring gideug.
     “ Kamarana ieu teh. Asa tariiseun kieu. Tibarang hol asa teu kadangu sora jalmi.”  Cekeng bari luak lieuk. Leungeun ngodok saku kameja ngaluarkeun roko. Sut disundut hiji.
     “ Teu araya. Apa sareng ibu nuju kauleman. Rai ge diajak.” Cenah.
      Diluar hujan beuki seah. Kapegung yeuh teu bisa balik. Jarum jam dinding terus maju. Teu karasa geus liwat magrib. Kulawarga Isti ge can marulang. Sarua tayohna mah kapegung hujan.
     “ Ke we uih mah ngantosan hujan raat. Apa sareng ibu ge jigana mah kapegung hujan.” Isti nyarita jiga nu terus rasa. Kuring unggeuk. Sajongjonan mah ngadon paheneng heneng.
     Karasa angin tiis ngagelebug kajero. Kuring ngadeukeutan Isti. Nu tadina diuk pahareup hareup kiwari jadi pasgegeye na korsi panjang. lalaunan raramo Isti nu lalencop mucuk eurih ku kuring dirawu. Teu nolak. Anggur nyarandekeun sirahna kana taktak. Teu, teu seungit farfum. Si eta mah anti make farfum.
     Ku kuring lalaunan buukna nu panjang diusapan. Hawa tiis nu nyacep diluar kasilih ku hawa haneut tina kakuatan cinta. Rasa endah jeung rasa asih pagaliwota dina dada dua insan nu keur mabok cinta. Geleterna nyelesep sakujur raga. Lalaunan tarangna ku kuring diambung. Manehna peureum.
*     *     *
     “ Nanaonan sih…!” Isti nyurungkeun dada kuring satarikna bari nyentak. Kuring ngagurubug, satengah luncat ngajauhan Isti.
     “ Astagfirullahaladzim.” Kuring istigfar. Awak kuring geus neueul kana awak Isti. Ampir wae kasorang laku lampah nirca.
     Kuring jeung Isti memener pakean nu sing sarwa kusut. Allhamdulllah Ya Alloh, kuring jeung Isti ditangtayungan keneh, teu nepika ngalakukeun pagawean nu dilarang agama.. Hawa tiis jeung simpe ampir wae ngagebruskeun kuring duaan kana jurang kahinaan. Kacipta mun kajadian setan baris seuri ambal ambalan hasil nyered kuring duaan jadi batur maranehna pikeun ngeusian naraka nu seuneuna ngabebela.
     Isti ceurik bari nungkupkeun dua dampal leungeuna kana beungeut.
     “ Hapunten Is.”Cekeng dareuda. Aya kahanjakal sakaligus rasa ngemplong jero dada.
     Isti teu nembal. Ukur taktakna nu oyag oyagan. Sisimekeun.
     “ Tos ulah nangis. Urang malah kedah sukuran. Urang teu nepika ngalakukeun nirca. Urang masih ditangtayungan ku Alloh teu nepika ngalakukeun jinah. Ampir wae mahkota urang duaan leungit gara gara pangajak hawa nafsu.” Cekeng bari ngadeukeutan Isti. Leungeun ngusapan buukna. Taya nu cacarita. Bener ceuk paribasa lamun paduduaan dinu simpe sok aya pihak katilu nu nembrong nyatana setan.
     Sakedapan ukur sora tik tekna jam dinding nu naplok na tembok jeung sora sisimekkeunana Isti nu kadangu. Diluar hujan mimiti raat. Kuring amitan ka Isti.
     Lebah lawang panto panona nu pinuh ku rasa asih diteuteup ku kuriong. Liuk linduk cop jang pangreureuhan diri nu leuseuh diayun ambing impian. Jauh, jauh pisan jeung sasari nu kalakuanana tomboy.
     “ Ludeung nyalira di bumi?” Kuring nanya memeh jung. Manehna unggeuk.
     “ Hapunten nya Is.” Kuring nyarita deui. Manehna unggeuk bari maksakeun imut. Leungeunas ku kuring diranggeum, manehna males ngaranggeum siga nu embung pukah. Celengok diambung.
     Diluar bulan mimiti kaluar seja makalangan, nyilih kalangkang hujan nu tadi ngawasa langit.
*     *     *
     Sabun, odol, sampo geus beak. Maksud teh kuring sore ieu rek balanja ka Yogya ( dept store ).
     “ Kang Nang!”  Kuring rungah ringeuh. Kana ceuli kadenge sora nu ngagentraan ngaran kuring. Sora awewe. Kuring nglieuk ka lebah datangna sora.
     Seblak, hate ujug ujug mnyeblak. Hate dak dumadak ratug tutunggulan. Kuring nyampeurkeun wanoja make jilbab nu bieu ngagentraan.
     “ Ida. Leres Ida ieu teh?” Kuring mehmehan teu percaya. Manehna imut bari nyolongkrong ngajsak sasalaman.
     “ Damang?” Manehna nyarita.
     “ Sae, sawangsulna?”
      “ Allhamdulilah.”
     “Dimana ayeuna teh Da?” Kuring nanya.
     “ Aya we didieu. Itu nuju nganjang ka teteh.” Cenah bari nunjuk kalebah hiji warung nasi nu aya na palataran Yogya. Ras kuring inget yen memang lanceukna teh muka usaha warung sangu na palataran Yogya
     “ Sanes di Bogor kapungkur teh?” Cekeng. Ras inget dua taun katukang inyana teh miang ka Bogor seja masantren.
     “ Ah da mung sataun masantrena mah. Ari akang dimana ayeuna?” Cenah malik nanya.
     “ Didieu, nuju ngadeg payuneun Ida,’ Cekeng. Manehna imut.
     Dua taun katukang kuring wanoh ka Ida teh. Tapi teu boga rasa nu istimewa, da kukarumasaan. Tangtungan kuring jeung inyana lir bumi jeung langit. Kuring mah tagog gembel sudag sedig. Manehna mah tagog santri teu weleh bareres beresih .
     Ku kuring teu diandel waktu loba nu nyalam nyalamkeun ti manehna. Angkeuhan teh jijieunan maranehanana wungkul. Tapi kuhantem diojok ojok mah leah oge hate teh. Hate geus gilig seja silih belaan cinta jeung Ida.
     Tapi hanjakal, cinta teh layu memeh mangkak. Memeh kuring kaburu wakca ka Ida, inyana geus miang manten seja nyuprih deui elmu alias masantren ka bogor. Ninggalkeun kuring jeung sajuta harepan nu reuntas. Teu, teu kungsi panggih deui heula.
     Kuring ge teu kateterusan kagegeringan. Kuring ge lahaola seja neruskeun deui sakola. Kuring taun eta seja neruskeun kuliah, nepika pamustunganana panggih jeung Isti.
     “ Serieus atuh kang. Dimana ayeuna teh?” Manehna nanya deui.
     “ Urang dilebet we yu ah ngobrolna ambeh rineh. Didieu mah isin seueur nu lalar liwat.” Cekeng. Manehna unggeuk.
*     *     *
     Kuring diuk pahareup hareup di kafe jero Yogya. Manehna mah pesen oren jus, kuring mah nyanghareupan koka kola.
     Seblak, hate pakseblak mun inget deui kana carita lawas. Cinta nu kapendem teu kungsi kabudalkeun, kiwari mangkak deui. Sawangan cinta jeung Ida mimiti ngarobeda jero dada. Terus pagaliwota. Piligenti nembongan jeung kalangkang Isti.
     “ Ngadangu teh saurna kuliah nya?” Ida nanya. Keukeuh panasaran.
     “ Wah hebat atuh?” Cekeng
     Dua taun waktu teh asa sajorelat. Teu disangka sangka teu dirancana bet kiwari panggih deui. Kacirina manehna leuwih dewasa jeung leuwih geulis.
     “ Ka urang mana kitu kabogoh the ayeuna Da?” Cekeng muka deui obrolan.
     “ Duka, da teu can ngemut kadinya.” Cenah.
     “ Kumaha atuh upami ayeuna cios dilamar ku akang.” Cekeng. Lohong tidituna mah.
     “ Upami akang serieus mah teu aya pamengan. Abi mah seja ngiringan. Istri mah dulasng tinande. Kapungkur ge masing uhun resep ka akang da ngantosan ditaros ti payun ku akang. Meureun ieu tos takdir tinu maha kawasa urang tiasa pendak deui.” Cenah sadrah, teger tur daria pisan dina nembalanana. Taya riuk riuk heureuy. Luk tungkul;. Katara pipina bareubeu beureum. Tina juru juru panona ngalembereh cai herang lir mutiara.
     Jelebet kana dada asa aya nu neunggeul satakerna. Kuring istigfar jero hate, kakara sadar. Naha bet diri wani nyarita kitu. Antukna ku manehna ditampa kalawan daria.
     Dada karasa eungap lir nu diheumpikan batu sagede nanahaeun Kakara sadar manehna mah moal bisa diajak banyol. Masing enya kuring kungsi neundeun hate ka manehna, tapi da ayeuna mah geus beda mangsana. Tada teuing nyeri jeung raheut hatena saupama apal yen eta teh teu dines?
     Barasatt barasat, kalangkang mamanis jeung Isti salila ieu narembongan. Piraku kudu hianat? Isti nu geulis, pinter, bageur, satia, asa kurang kumaha?
     Ret deui ka awewe nu aya hareupeun. Hate teu bisa disumputkeun ,kuring bogoh kamanehna, sok sanajan geus lain mangsa. Manehna nu lungguh, soleh, jago ngaji, nu kungsi ngeusian lambaran lamunan kuring sawatara taun katukang.
     Gusti naha biwir the bet ujug ujug ngacapruk teu puguh, jeung ujug ujug wani ngedalkeun kitu? Akibatna…?
     Bingung kudu kunaha pilakueun.
     “ Kumaha Kang?” Manehna nanya kebek harepan.
     Kuring ngaheruk. Bingung. Bingung! Dunya asa ngaheureutan.  Langit asa tungkeb, asa jujumplukan murag ninggang raga. Eungap ku kabingung..
     Bingung. Rarasaanm cahya lampu asa serab patringbarasat kana heherang panon. Kalangkang dua awewe ucang ucang na kingkolak mata. Antara I jeung I.  Kudu kumaha pilakueun kuring kiwari?


                                                                                                     CAFÉ GALUH, 200407
Oleh: Unang Sumarna
     
      “ Mang Sukro maot.” Datang - datang Si Adè hariweusweus nyarita ka kuring.
      “ Nu balèg Sardè?” Tembal tèh satengah teu percaya. Si Adè unggeuk, tuluy nyarita deui.
     “ Bener bieu cenah. Uing gè ayeuna rèk kaditu ngalayad. Akang rèk milu moal?” Cenah bari mencrong ka kuring.
     ‘ Inalillahi wainailaihi roji’un, henam atuh Dè urang bareng.” Omong tèh, terus ngolèsèd tina golodog. Saenggeus bèbèja kanu di imah mah, kuring leumpang nuturkeun Si Adè nu geus ngingkig tiheula.
     “ Kunaon cenah Sardè, maotna mang Sukro tèh?” Kuring nanya ka Si Adè, sanggeus leumpang kuring sajajar jeung manèhna.
     “ Lantaran geus euweuh nyawaan wè meureun mang.” Tèmbal Si Adè kalem.
     “ Nya heueuh atuh kanjut, nu modar mah euweuh nyawaan. Maksud tèh maotna alatan kajadian naon, gering atawa kacilakaan? Da asa teu kadangu - dangu gering.” Cekèng bari rada keuheul. Tapi teu wudu nyengir ogè. Si Adè anggur pipilueun nyengir pikasebeleun.
     “ Tabrakkan cenah kang, basa balik ti pasar. Ojèg nu ditumpakkanana disuruduk beus. Motorna kapangpèngkeun kana gawir, mangkaning jero. Atuh motor, Mang Sukro jeung tukang ojègna sorangan, nepika teu kapuluk deui. Malah ceuk nu ngadarongèng mah , sirah Mang Sukro jeung sirah tukang ojèg tèh tepika misah.” Dongèng Si Adè teu kireum kireum.
     “ Nya heueuh atuh kuya! Piraku ari ngahiji mah. “ Tèmbal tèh kèom. Terus balem. Asa kateuteuari ngobrol jeung nu teu hideng mah, gerentes tèh.
*     *     *
     Di imah nu kapapatènan kasampak geus riab jelema. Aya nu dijero imah, aya ogè nu ngagimbung di buruan. Sawarèh aya nu hideng, dok - dak meulahan suluh.
     Di tengah imah budak Mang Sukro sadua dua ceurik ngadingdiut. Barudak nu keur meumeujeuhna pibapa, bet dipisahkeun ku pati. Sedeng bojo Mang Sukro mah, ti barang layon Mang Sukro datang gè, les waè kapiuhan, teu inget di bumi alam. Atuh ribut pada nyeuceuhan ku tatanggana nu dareukeut.
     Layon dipulasara sakumaha mistina. Sanggeus dimandian jeung diboèhan, terus disolatkeun di tengah imah. Teu lila datang jurungan nu tadi dititah ngagali lombang  pikeun mendem Mang Sukro, ngabèjaan yèn lombang geus sayaga. Atuh geuwat geuwat layon nu meunang mulasara tèh diasupkeun kana pasaran.
     Tapi, pas arèk bring pisan dialanteurkeun ka astana, bet teu kuhanteu, breg hujan turun gedè pisan lir nu dicicikeun ti langit. Padahal tadi mah, langit taya tanda tanda rèk nurunkeun hujan. Atuh niat tèh jadi kandeg. Kabèh nu rèk nganteur baralik deui, ngariuhan ka jero imah. Sedengkeun layon mah teu dikaluarkeun deui tina pasaran. Kagok, rèncèd, ari kudu ngaluar ngajerokeun mah. Tungtungna diantep we dijero pasaran. Pasaranana ditunda digigireun imah nu kabeneran teu kasawèran. Jeung ku kabeneran, pasaranana makè roda deuih, jadi jangkung, teu sieun di korobèt ku anjing.
     Meunang meureun dua jamna mah, hujan ngagayer lir nu dicicikeun ti langit. Sabada raat mah bring waè layon tèh dialanteurkeun ka pajaratan. Pasaran di dorong lalaunan. Geus teu dipalirè jalan nu jeblog jeung leueur urut hujan cikènèh. Sapanjang jalan nu ngalanteurkeun teu eureun - eureun babacaan ngadungakeun Mang Suko sangkan dihampura sagala dosana.
     Keur jarongjon leumpang lebah nu nanjak bari husu gerenceman ngadu’a, ana celengkeung tèh aya nu nyorowok di aleu - aleu.
     “ Nanjak, nanjak, nanjaaak!” Cenah.
     Sakur nu ngalanteur ngarandeg, terus tingraringeuh, tuluy silih lieuk lir nu silih tuding.. Tapi pupuhu rombongan gancang - gancang ngahuit mèrè isarah sangkan ulah kapapanjangan. Anggur meuning gancang - gancang indit deui. Atuh bring rombongn tèh maju deui.
     Lebah nu mudun bet teu hanteu kadangu deui sora nu nyorowok disaleu - aleu.
     “ Mudun, mudun, muduuun!” Cenah.
     Pikeun nu kadua kalina nu ngalanteur tingraringeuh, tuluy silih lieuk, dièmbohan ku silih toèl jeung silih harèwos, silih tuding. Abringan kapaksa eureun.
     “ Tenang tenang, sadèrèk sadaya!” Pa lebè nu jadi pupuhu  nyoba nenangkeun rombongan.
Terus ngalieuk ka Pa RT. Pa RT surti, pok ngomong.
     “ Ayeuna sim kuring badè tumanya, saha diantawis para sadèrèk nu gaduh kalakuan kieu?” Ceuk Pa RT bari mencrong beungeut nu nganteur hji - hiji. Tapi taya saurang gè nu lèmèk, kabèh balem.
     Keur jempling kitu, ana hasih tèh, kadèngè sora nu beresin tarik nakeranan. Kabèh nu araya jadi arendag, tuluy nunjuk kana pasaran.
     “ Tina pasaran geuning Pa Lebè sora nu bersin tèh.” Ceuk salah saurang bangun nu hangham.
     “ Keur kitu katara pasaran tèh endag - endagan sorangan.
     “ Itu! Itu,, Pa Lebè! Mayit Mang Sukro hirup deui!” Omong nu sèjènna haroshos. Panonna tangka burial buncelik, beungeutna sepa.
     Ana beretek tèh nu ngalanteur  lalumpatan kaasup kuring jeung si Adè. Lumpat teu sirikna notog - notogkeun manèh bawaning ku sieun, bari jojorowokkan nyebutkeun yèn mayit Mang Sukro hirup deui, ninggalkeun Pa Lebè jeung Pa RT nu ngadon hookkeun, mata simeuteun, kasima neuteup pasaran nu usik - usikkan sorangan.
     Sanggeus sawatara jongjonan pa lebè sadar kana kaayaan, terus ngusap beungeut, maca istigfar sababaraha kali. Pa Lebè nepak taktak Pa RT gigireunana nu masih kènèh molohok kasima.
     “ Urang tèang kaditu Pa RT, naha bener nu usik – usikkan tèh layon Mang Sukro nu hudang deui.’ Ceuk Pa Lebè teuneung.
     “ Mangga wè ku Pa Lebè!” Pa RT anggur muringis. Pa Lebè mesem. Karèrèt ku juru panon Pa Lebè Ditukangeun manèhna Hansip Èyo teu milu kabur, kalah ngayekyek didinya. Tayohna bakat ku soak nepika teu bisa lumpat - lumpat acan.
     Pa Lebè gancqng ngadeukeutan Hansip Èyo..
     “ Èyo, geuning nyanèh teu milu kabur?” Pa Lebè nanya bari seuri.
      Hansip Èyo ngajawab arap - ap – eureup  - eup teu puguh. Terus ngadon alangah – èlèngèh. Katara ku Pa Lebè calana Hansip Èyo jemblang. Pa Lebè seuri kagugu.
     “ Èyo, Èyo, kawas lain lalaki waè. Èra atuh èta ku kumis jeung ku saragem hansip.” Omong Pa Lebè, terus ngalèngkah ngadeukeutan pasaran. Kituna tèh biwirna mah teu eureun gegerenceman babacaan, dianteur ku teuteup Pa RT jeung Hansip Èyo.
     Lalaunan tutup pasaran tèh dibuka ku Pa Lebè. Barang dibuka, ana cakakak tèh inyana seuri mani bangun nu ni’mat nakeranan, tapi saterusna ditungtungan ku nyarita lir nu keur nyarèkkan.
     “ Bebel! Kèhèd! Ngareureuwas batur waè siah. Bijil siah tidinya! Jeung nanahaeuhan deuih siah makè jeung ngajedog didinya sagala?” Ceuk Pa Lebè bari tutunjuk ku curukna.
     Pa RT jeung Hansip Èyo colohok mata simeuteun nempo kalakuan Pa Lebè, teu ngartieun. Ngan barang nempo nu nguniang hudang tina pasaran. Maranèhanana gè jadi milu ngehkey, malah Hansip Èyo mah geus cer ngompolan manèh deui waè.
     Horèng nu kaluar tina pasaran tèh, Si Nonoh, nu gèlo anyar urang Cidahu.
     Taksiran mah basa keur hujan tadi, si kasebelan tèh nèangan tempat pangiuhan. Nya manggih pasaran nu teu katalingakeun. Dasar nu èbèl, blus wè meureun manèhna tèh asup kana pasaran, ngarèndèng jeung layon Mang Sukro, nepika manèhna beresin teu kuateun ku nyegakna kamper jeung minyak seungit. Jeung deui pasti moal salah, manèhna wè meureun nu tadi nyorowok dialeu – aleu tèh.
     “ Dasar jurig! Ngeunah wè siah ku aing didodorong ti lembur mula.” Hansip Èyo gegeremet bangun nu keuheul kacida.

Ciamis 10 Mèi 1995

Manglè, 14 juni 1995.
Oleh: Unang Sumarna

HP kuring disada. Aya sms asup. Ti Dini. Babaturan sakelas.
     “ Ass. Pntn nganganggu, bde nrskeun, dupi hrtsna intuisi teh naon?” Kitu unina.
     “ Intuisi teh hartosna sora hate. Kangge naon kitu? Nuju ngadamel sajak nya?” cekeng malesan.
     “ Muhun yeuh, nuju mereskeun tgs ngadmel antologi puisi. Judulna intuisi hidupku. Keren teu?’
     “ Lumayan.”
     “ Eh, nj naon yeuh?”
     “ Nj ngalamun, kumaha rasana janten kabogoh Dini.” Cekeng malesan sangeunahna.
     “ Bhng lah!”
     “ Suer. Jujur wae, cicing cicing abi ngefans berat kadidinya.”
     “ Thanks banget, nambihan atuh hiji fans teh?”
     :” Kumaha?”
     “ Naon nu kumaha?”
     “ Uhun janten kabogoh tea?”
     “ Kade ah bisi kasambet.””
     “ Numawi bilih kasambet meuning dinyaankeun.”
     “ Siapa takut, oke!”
     “ Serius? Abi ge ayeuna nuju ngadamel sajak. Judulna puisi cinta kanggo Dini.”
     “ Wuu…! Tipulah. Sok cing mana Dini hoyong terang puisina. Kaleresan Dini nuju ngempelkeun puisi cinta yeuh.’
     “ Ke cuang di smskeun.”
     Terus kuring ngirimkeun sms panjang ka Dini nu unina kieu.
     :” Nulis runtuyan poe ku mangsi. Waktu langit dipasieup katumbiri. Terus heherang panon anjeun diawuran mangjuta inten, duka jadi kumaha warnana? Naha aya kahanjakal lamun tungtung buuk anjeun dipapaesan panorama isuk, lamun wae sawirahma, urang akurkeun babarengan. Najan rasa kapaksa nyangkaruk antara urang. Kumaha tah puisina, romantis teu?”
     “ Ow, romantis banget bo. Thanks!”
     “ Janten kumaha serus nampi janten kabogoh teh?”
     “ Oke.”
     “ Awas mun enjing pendak di kampus janten bohong.”
     “ Siip! Asal traktir ngabaso!”
     “ Dasar matre, acan ge acan.”
     “ He He!”
*     *     *
     Subuh subuh keneh kuring geus ngirimkeun sms ka Dini.
     “ Dipirig girimis isuk ieu diri seja nepungan anjeun. Tingali, kembang kembang ligar marangkak mapaesan taman hate nu kamari camewek simpe. Diri ngalengkah mapayan hambalan katumbiri nu nutug lebah leuwi hate anjeun. Wilujeng enjing, jungjunan, geura papag ieu hate nu kebek kukasono. Hey geura gugah, ulah ngarengkol wae. Ka kampus moal?”
     Teu lila tiditu aya balesan.
     “ Naon titadi ge tos gugah. Nya bade atuh, pan bade ngabaso.” Cenah balesanna.
     “ Jigana mah sawewengi emut wae kana baso. Ka jalmina mah teu emut emut acan.”
     “ Tau, aja…!”
*     *     *
     Bubar kuliah.
     * Hoyong ngabaso kamana?” Cekeng bari nyetater motor. Clak Dini naek tukangeun.
     “ Teu langkung.” Cenah.
     “ Urang ka Si gendut we.” Cekeng, nyebut ngaran tukang baso nu lumayan sohor di lembur kuring.
     “ Teu langkung, tapi uihna anteur ka tukang kembang nya! Bade meser pupuk organik, nu di bumi tos seep.” Cenah.
     “ Siap! Naon sih nu teu tiasa kanggo pacarku tercinta.” Cekeng.
     Manehna jebi.
     Beres ngabaso kuring duaan nyimpang heula ka tukang kembang. Dini meuli pupuk organik sababaraha kantong. Inyana mah resepeun pisan kana kekembangan. Di pakarangan imahna nu sakitu legana rempeg ku pot kembang. Malah aya nu jutaan cenah hargana. Anthurium alias Gelombang Cinta cenah ngarana teh. Teuing lah da kuring mah teu ararapal..
     “ Ayeuna kamana deui?” Cekeng, sanggeus rengse meuli pupuk organik.
     “ Wangsul we yu, da kamana deui atuh.”
     “ Bilih we aya bujengeun deui.”
     “ Henteu, jajapkeun wangsul we!”
     “ Mangga nden putri.”
     Dini imut. Imut eta nu salila ieu geus ngeusian lambaran lamunan kuring. Bet teu disangka kiwari kapimilik ku jalan nu teu kahaja. Ukur dimimitian heureuy na sms.
     Anjog ka pakarangan dibageakeun ku hegarna paneuteup, Seungit ermawar jeung malati nyambuang  kaangin angin.
     “ Nu beureum meuhpeuy kembangna. Nu carucukan tangkalna. Euforbhia namina.” Cenah nerangkeun.
     “ Nu awis mah nu kembangna koneng, sapertos itu tuh!” Cenah bari nunjuk kana euforbhia nu kembangna pulas koneng.
     “ Nu itu Jamio, susuru, aglonema, angrek bulan kantong semar. Tah nu pangawisna mah tangkal ieu. Namina Gelombang Cinta. Pangaosna ge ngajuta.” Cenah nerangkeun deui. Kuring mah ukur unggut ungutan da teu ngarti jeung ku teu minat tea.
     Di kota kuring kiwari keur ‘ demam ‘ kembang. Meh unggal imah ngarukut kembang. Jeung deui lain harega murah murah. Aya nu nepika ngayuta. Walah…!
     Kawas Gelombang Cinta, cenah nu dauna saukuran cinggir ge geus nepika saratus rewu. Komo deui nu geus gede. Padahal mah da naon alusna. Ukur daun panjang. Pedah eta meureun dauna ombak banyuan, numatak  disebut gelombang cinta ge. Taya kembangan. Teu cara ernawar atawa malati.
     Kacipta we mun boga saratus pot kembang kitu, kali sakitu ratus rewu, beu… beunghar temen! Da ceuk pamikir kuring nu awam, masing dibere ge pasti….daek! Lumayan dijual he he!
     “ Saenya dauna ombak banyuan alias bergelombang kieu.’ Cekeng tamba henteu teuing ngomentaran.
     “ Tah ieu kembang nu nuju trend teh, anthorium alias Gelombang Cinta. Pangaosna ge dugika jutaan.’ Cenah nerangkeun mani sumanget.
     “ Mugi mugi cinta urang mah teu jiga daun Anthurium ieu. Ombak banyuan, ngagalura, bergelombang. Tapi sing tentrem ayem, mulus rahayu, rata taya tanjakan nu jadi hahalang. Wios ari awisna mah, he he.”
     “ Amin!”
     “ Eh, ari ieu kembang naon, mani sae kieu tangkalna jiga bonsai?’ Kuring nanya deui. Curuk nunjuk sawatara pot nu dieusi ku kembang nu dibentuk atawa di bonsaikeun. Harita keur marangkak kembangna, aya nu kayas, beureum ati, nu bodas, nu lucu mah aya satangkal kembangna aya tilu rupa, kayas, beureum ati jeung bodas.
     “ Tah nu ieu mh namina Adenium alias samoja jepang. Nu kieu mah tiasa di bonsaikeun. Mung kedah kapanasan wae. Teu kenging digojobor teuing nyeborna, sok buruk tsngkslna. Melakna ge sanes na taneuh, tapi na keusik malang atawa lebu durukan huut badag. Mun dina ngangge taneuhna ge paling ukur sapuluh persen. Diceborna cekap saminggu sakali.” Cenah nerangkeun mani capetang. Kuring mah ukur unggut unggutan.
     “ Saleresna mah aya opat rupi warna kembangna aya nu kayas, bureum ati, bodas sareng hideung. Malih ketang ayeuna mah tos aya varietas anyar warna koneng. Nu dua warna pandeuri mah langki. Abi ge teu acan gaduh. Hoyong puguh ge. Mung cenah nu hideung mah teu cocok na cuaca urang mah. Kedah dinu panas pisan. Tara sae jantena..” Cenah neruskeun kateranganana.
     “ Nu kieu mah tiasa ditempel. Janten dina satangkal teh tiasa aya sababaraha rupi warna kembang. Mung nempelkeuna kedah kunu ahli. Sapertos kembang kertas  geuning.” Cenah deui.
     “ Abi  resep kanu bodas nyacas. Upami diibaratkeun mah lir istri nu ngurusna. Geulis lahir bodas batin.” Cekeng.
     “ Gombal, punten teu aya receh.”
     “ Leres.”
     “ Gandeng ah, ari taeun teh. Eh resep teu kana kembang?”
     “ Eeeeng…, Resep.” Cekeng asa asa.
     “ Bohong.”
     “ Leres, tapi nu kitu tuh.” Cekeng bari nunjuk kana adenium nu kembangna bodas.
     “ Oh, adenium eta. Ke atuh ku Dini dipaparin hiji. Da kaleresan seueur, aya sapuluh pot. Tapi kade diurusnya!”
     “ Ulahlah bilih paeh. Sareng pan nu kitu teh pangaosna awis.”
     “ Wios, ke cara ngurusna mah diwartosan ku Dini. Ieu mah etang etang katineung we ti Dini. Supados emut wae ka Dini.”
     “ Nya atuh ari maksa mah.” Cekeng eleh deet.
     “ Tapi adeniumna teu acan kembangan. Saur nu ngicalna mah kana dua sasihan deui kembanganana teh. Saurna mah indungna warna kembangna b odas.
     “ Oh.” Cekeng. Najan teu yakin resep ge antukna mah narima oge kembang ti Dini. Lain nanaon, mun nolak inggis Dini nyeri hate, kumaha mun nepika baruntak?
     Dasar jelema aneh aneh wae. Ari ceuk pamikir samoja mah tempatna di makam. Lain di pakarangan imah. Ieu mah der diparindahkeun kana pot dialus aluys. Nepika hargana ge ngajaul ka alak paul.
     Duka aya wirasat naon, kiwari saeusi nagri keur gandrung kana kekembangan. Meh unggal suhunan ngukut kekembangan. Lain kembang impor wungkul, dalah tatangkalan urang nu geus kaluli luli ge kiwari dipindahkeun kana pot, saperti cariang beureum nu baheula mah ukur jadi pangbungkus peuyeum , kiwari mah dijualan na pot. Sente hideung, katut ka taleus nagri parindah kana pot na tehel bodas imah gedong. Baheula ge mangsa usum bonsai nu dauna plastik, tina akar nu dibalik balikeun, ngajadi hiji wirasat, runtagna pamarentahan orde baru! Ari ayeuna usum ngarukut kembang….? Ah, percaya percaya teuing kanu kararitu. Marengan we meureun harita mah.
     “ Tapi kade nya piara sing leres!” Dini nyarita deui.
     “ Insyaalloh. Mugia kembang ieu sing tiasa kapiara salamina lir kapiarana rasa cinta urang duaan” Cekeng
     “ Amin.”
*     *     *
     “ Urang ngabaso ka Si Gendut yu!” Cekeng, bubar kuliah.
     “ Teu purunlah. Urang ngabaso payuneun kampus we yu!” Cenah. Kuring unggeuk.
     Geus sababaraha poe ieu paromana bangun alum teu hegar cara sasari lir aya rusiah nu disidem dina hatena. Katara asa loba ngalamun
     Sajeroning ngabaso ge teu galecok ngobrol cara sasari. Leuwih loba ngahulengna tibatan nyaritana.
     “ Ditingalikeun the ahir ahir ieu jiga nu lesu wae. Kunaon udur?” Cekeng.
     “ Henteu.” Cenah pondok. Terus ngahuleng deui.
     “ Bade uih?” Cekeng muka deui caritaan.
     “ Urang calik heula diditu yu, di taman kampus!” Manehna anggur ngajak ka taman kampus.
     “ Bade naon uih deui ka kampus? Tos jempling, teu aya sasaha.”
     “ Ah cuang kaditu we, Aya pisanggemeun. Didieu mah teu rineh.”
     Kuring majukeun deui motor balik deui ka jero kampus. Kaayaan kampus geus simpe. Mahasiswana geus bubar. Kantor prodi ge geus dikoncian.
     “ Bade nyarios naon kitu?”
 Cekeng sanggeus diuk paduduaan na bangku taman handapeun tangkal nu linduk.
     Manehna sakedapan ngahuleng. Tungtungna sajongjonan mah ngadon paheneng heneng. Sanggeus rada lila teu wudu kaluar oge caritaan tina biwirna.
     “ Tapi sateuacana mugia ulah nyeri hate, bendu, sumawona janten keuheul ka Dini, upami ayeuna Dini nyanggemkeun hiji hal.”
     “ Ari kitu kumaha?” Walon teh daria.
     “ Dini teh nuju bingung. Dini ku apa dijodokeun ka Kang Farid, guru SMA, malih mah saurna calon kapala sakola. Taun ieu, beres wisuda S2 Kang Farid, Dini kedah nikah sareng anjeuna.” Cenah halon.
     Puguh we kuring ngadayagdag ngadangu obrolan Dini bieu. Mun  enggeus mah lir ngadangu gelap saleser tengah poe ereng erengan. Sirah jeung dada ngadadak karasa nyeri lir nu ditakol kupalu gede. Aneh, jaman kiwari, masih aya keneh carita Siti Nurbaya kajadian.
     “ Pamendak Dini nyalira kumaha?” Kuring nyoba nanya ku sora nu ngageter.
     “ Dini ge alim megatkeun duriat urang duaan. Tapi Dini bingung. Dini alim ari kedah ngalawan ka sepuh mah.” Cenah. Cipanon mimiti merebey mapayan pipina.
     Kuring jeung Dini sakedapan ngadon paheneng heneng teuleum na alam pikiran sewang sewangan. Ukur sora inghak Dini nu kadangu.
     Mun teu inget dikalalakian mah kuring ge sarua hayang ceurik jejeritan. Bet asa diteungteuingan ku nasib. Nasib teh bet asa kieu kieu teuing. Asa cikeneh manggih kabungah, kiwari geus kudu nyorang deui cimata.
     Tapi kuring teu bisa ceurik. Cimata kuring ngadadak saat disedot lambaran lamunan tunggara nu baris kasampeur dihareup.
     Sanggeus sawatara lila paheng heneng, ahirna kuring mimiti muka deui caritaan.
     “ Dini, sok abi mah rido. Saur pangemut abi meuning tumutkeun kapalay sepuh. Ieu hiji tawis males budi tur babakti ka sepuh. Ku tinimbangan moal mungkin hiji sepuh ngusrukeun putrana kana jurang kasangsaraan. Pilihan sepuh pasti mangrupi hiji hal nu pangsaena pikeun putrana. Sok meuning ge tampi, asa cop. Dini calon ibu guru, itu calon kapala sakola. Abi mah S1 ge can karuhan rengse. Ayeuna ge biayana tos ngawitan seuseut seuat, Ngan peupeujeuh  omat kuliah Dini ulah dugika reuntas ditengah. Sok sanaos tos rumahtangga ge taya bayana mun bari kuliah.” Cekeng nyoba tatag. Padahal na tikoro beu nyelek ku piceurikeun. Hate peurih lir digerihan ku hinis.
     “ Tapi kumaha nasib hubungan cinta urang. Naha kedah pegat kitu wae?” Dini bari rambisak malik nanya.
     “ Nya dalah dikumaha. Ieu sadaya demi pikahareupeun Dini. Keun carita cinta urang mah urang teundeun di handeuleum sieum. Ngan ukur pantes jadi hiji rasa tineung.”
     “ Tapi?”
     “ Teu aya tapi. Meureun lamun ayeuna urang teu tiasa ngahiji di dunya, muga muga di aherat juga urang bisa laksana .” Cekeng sari sari putus asa.
     “ Sareng micinta sanes hartosna kedah mibanda. Seueur keneh cara kanggo mikanyaah.”
     “ Tapi urang masih keneh tiasa janten sobat?” ini nanya deui.
     “ Insyaaalah.” Cekeng hambar.
     Sora alam simpe. Ukur sora daun garing nu ngoleang murag ninggang lemah, mirig inghakna Dini nu masih keneh nyuuh na dada.
     Gelombang cinta, anthurium, kiwasri diri kudu ngalaman leumpang nyorang jalan cinta nu rinjul , malah nepika labuh tikolesedna teu wasa leumpang dina galura kaayaan nu dikakaya nasib jeung waktu. Rarinjul, ombak banyuan, ngagalura, bergelombang, lir daun Gelombang Cinta.
*     *     *
     Dini, jungjunan ati, teu karaos tilu sasih tos kalangkung tisaprak kajantenan di taman kampus tea. Tingali adenium nu dipaparin ku Dini kiwari mangkak kembangna. Tapi katingalina teu endah anggur geueuman. Tukang kembang nu ngical kembang eta ka Dini lepat naksir. Adenimu teh kembangna sanes bodas, tapi hideung! Sapertos nu dipikahoyong ku Dini.
     Jungjunan, meh sasih tos kalangkung. Asa kamari diri ngagukguk ceurik na tutunggul luhureun taneuh beureum nu baseuh ku reumis jeung cimata. Diri mileuleuyankeun anjeun nu geus mayunan miheulaan madep ka Gusti.
     Tisaprak kajantenan di taman kampus, brek anjeun udur wales. Teu aya doktor sumawona tabib nu tiasa ngadamangkeun deui anjeun. Titis tulis ti ajali, kemis enjing dijajap girimis anjeun ngantunkeun alan fana, ngantunkeun karungsing di dunya kanggo salawasna.
     Aya hiji hal nu moal hilap dugika kiwari, anjeun kungsi ngaharewos memeh mulang ka kalanggengan. kasakit abdi moal damang ku obat ti doktor, lantaran kasakit abi lain kasakit biasa, tapi kasakit ati lantaran pegatna duriat. Kitu harewos panungtungan ti anjeun bari ngembeng cisoca, jungjunan. Gambaring serat asmarandanana nu teu cacap tapi moal laas ku mangsa.
     Jungjunan, adenium kembang hideung ku diri dipelak na tunjangeun pajaratan anjeun. Kahoyong anjeun kiwari tos laksana, hoyong ngagaduhan adenium nu kembangna warna hideung. Tangkal samoja asalna ti makam nya balikna deui ge kudu ka makam,. Pon kitui deui manusa asal ti Alloh nya pangbalikanana deui ge ka Alloh.
     Wilujeng angkat, jungjunan.  Teu sangki Adenium teh janten kembang pamungkas nu dititipkeun ka diri tur nyatana tetela kembangna sanes bodas tapi hideung lir hideungna jalan carita cinta urang.
     Jungjunan, adenimu hideung na tunjangeun pangrereban abadi anjeun, mugia teu buruk ku hujn jeung reumis janari. Poe isuk lambaran carita anyar.
Café Galuh, 080108
A: ( “Hai apa kabar?”)
      Beli kalkum pakai batik
      Dimana membayar jamu
      Assalamualaikum hai cantik
      Bagaimana kabarnya kamu
B: ( “ Baik.” )
     Kalkum di dalam sebuah loyang
     Dibelah paku jadi terbalik
     Waalaikum salam pacarku sayang
     Alhamdullilah diriku baik
A: Sumur ke danau ku bolak - balik
     Awas takut serangga mati
     Syukurlah kalau sayangku baik
     Aku pun ikut bahagia hati
B: ( “ Sudahlah, jangan sayang – sayang terus! Ingat sebentar lagi kita akan ujian. Kamu sudah belajar dengan baik belum? Dengar nih!”)
     Jangan kau urus fulus dan unta
     Hujan sudah terlihat nyata
     Jangan terus mengurus cinta
     Ujian sudah di depan mata
A: ( ” Tenang saja, say! Dengar nih!” )
      Dara molek cepatlah kejar
      Tapi jangan banyak dicolek
      Kenapa capek - capek belajar
      Nanti ujian tinggal mencontek
B: ( “Dasar kamu. Dengar nih!”)
     Gadis molek dari Rusia
     Paling suka makan-makan
     Mencontek itu perbuatan dosa
     Jangan suka dibiasakan
 ( Tapi ngomong - ngomong nanti ujian aku nyontek ke kamu, yach...!”)


A: (” Uh dasar....! Dengar nih!” )
      Kalau mau seharum duku
      Nanti hujan petik dan colek
      Kalau kamu mau cium aku
      Nanti ujian ku kasih nyontek
      ( ”he, he...!”)
B: ( ” Sorri yah! Nggak janji deh!” )
      Kalau haus minumlah jamu
      Pahit rasanya dicampur limau
      Kalau harus mencium kamu
      Pasti serasa mencium kerbau
A: ( ”Jangan menghina begitu dong! Dengar nih!”)
     Pengharum makanan dari kelapa
     Beli sepikul di luar negeri
     Menciumku takkan terlupa
     Karena pipiku rasa strawberi
B: ( ” Uuuh...! Sudahlah jangan bercanda melulu! Yang penting mulai saat ini kita harus benar – benar giat belajar, agar ujian kelak kita lulus. Oke?” )
      Hujan siang tak mungkin lama
      Pekikkan camar tembus  lautan
      Jangan buang waktu percuma
       Rajin belajar tuk lulus ujian
A: (” Oke!”)

By: Pradya DPG
 
© 2012. Design by Main-Blogger - Blogger Template and Blogging Stuff