Oleh: Unang Sumarna
HP kuring disada. Aya sms asup. Ti Dini. Babaturan sakelas.
HP kuring disada. Aya sms asup. Ti Dini. Babaturan sakelas.
“ Ass. Pntn nganganggu,
bde nrskeun, dupi hrtsna intuisi teh naon?” Kitu unina.
“ Intuisi teh hartosna
sora hate. Kangge naon kitu? Nuju ngadamel sajak nya?” cekeng malesan.
“ Muhun yeuh, nuju mereskeun tgs ngadmel
antologi puisi. Judulna intuisi hidupku. Keren teu?’
“ Lumayan.”
“ Eh, nj naon yeuh?”
“ Nj ngalamun, kumaha
rasana janten kabogoh Dini.” Cekeng malesan sangeunahna.
“ Bhng lah!”
“ Suer. Jujur wae, cicing
cicing abi ngefans berat kadidinya.”
“ Thanks banget, nambihan
atuh hiji fans teh?”
:” Kumaha?”
“ Naon nu kumaha?”
“ Uhun janten kabogoh
tea?”
“ Kade ah bisi
kasambet.””
“ Numawi bilih kasambet
meuning dinyaankeun.”
“ Siapa takut, oke!”
“ Serius? Abi ge ayeuna
nuju ngadamel sajak. Judulna puisi cinta kanggo Dini.”
“ Wuu…! Tipulah. Sok cing
mana Dini hoyong terang puisina. Kaleresan Dini nuju ngempelkeun puisi cinta
yeuh.’
“ Ke cuang di smskeun.”
Terus kuring ngirimkeun
sms panjang ka Dini nu unina kieu.
:” Nulis runtuyan poe ku
mangsi. Waktu langit dipasieup katumbiri. Terus heherang panon anjeun diawuran
mangjuta inten, duka jadi kumaha warnana? Naha
aya kahanjakal lamun tungtung buuk anjeun dipapaesan panorama isuk, lamun wae
sawirahma, urang akurkeun babarengan. Najan rasa kapaksa nyangkaruk antara
urang. Kumaha tah puisina, romantis teu?”
“ Ow, romantis banget bo.
Thanks!”
“ Janten kumaha serus
nampi janten kabogoh teh?”
“ Oke.”
“ Awas mun enjing pendak
di kampus janten bohong.”
“ Siip! Asal traktir
ngabaso!”
“ Dasar matre, acan ge
acan.”
“ He He!”
* * *
Subuh subuh keneh kuring
geus ngirimkeun sms ka Dini.
“ Dipirig girimis isuk
ieu diri seja nepungan anjeun. Tingali, kembang kembang ligar marangkak mapaesan
taman hate nu kamari camewek simpe. Diri ngalengkah mapayan hambalan katumbiri
nu nutug lebah leuwi hate anjeun. Wilujeng enjing, jungjunan, geura papag ieu
hate nu kebek kukasono. Hey geura gugah, ulah ngarengkol wae. Ka kampus moal?”
Teu lila tiditu aya
balesan.
“ Naon titadi ge tos
gugah. Nya bade atuh, pan bade ngabaso.” Cenah balesanna.
“ Jigana mah sawewengi
emut wae kana baso. Ka jalmina mah teu emut emut acan.”
“ Tau, aja…!”
* * *
Bubar kuliah.
* Hoyong ngabaso kamana?”
Cekeng bari
nyetater motor. Clak Dini naek tukangeun.
“ Teu langkung.” Cenah.
“ Urang ka Si gendut we.”
Cekeng, nyebut ngaran tukang baso nu lumayan sohor di lembur kuring.
“ Teu langkung, tapi uihna
anteur ka tukang kembang nya! Bade meser pupuk organik, nu di bumi tos seep.”
Cenah.
“ Siap! Naon sih nu teu tiasa
kanggo pacarku tercinta.” Cekeng.
Manehna jebi.
Beres ngabaso kuring
duaan nyimpang heula ka tukang kembang. Dini meuli pupuk organik sababaraha
kantong. Inyana mah resepeun pisan kana kekembangan. Di pakarangan imahna nu
sakitu legana rempeg ku pot kembang. Malah aya nu jutaan cenah hargana.
Anthurium alias Gelombang Cinta cenah ngarana teh. Teuing lah da kuring mah teu
ararapal..
“ Ayeuna kamana deui?”
Cekeng, sanggeus rengse meuli pupuk organik.
“ Wangsul we yu, da
kamana deui atuh.”
“ Bilih we aya bujengeun
deui.”
“ Henteu, jajapkeun
wangsul we!”
“ Mangga nden putri.”
Dini imut. Imut eta nu
salila ieu geus ngeusian lambaran lamunan kuring. Bet teu disangka kiwari
kapimilik ku jalan nu teu kahaja. Ukur dimimitian heureuy na sms.
Anjog ka pakarangan
dibageakeun ku hegarna paneuteup, Seungit ermawar jeung malati nyambuang kaangin angin.
“ Nu beureum meuhpeuy
kembangna. Nu carucukan tangkalna. Euforbhia namina.” Cenah nerangkeun.
“ Nu awis mah nu
kembangna koneng, sapertos itu tuh!” Cenah bari nunjuk kana euforbhia nu kembangna pulas
koneng.
“ Nu itu Jamio, susuru,
aglonema, angrek bulan kantong semar. Tah nu pangawisna mah tangkal ieu. Namina
Gelombang Cinta. Pangaosna ge ngajuta.” Cenah nerangkeun deui. Kuring mah ukur
unggut ungutan da teu ngarti jeung ku teu minat tea.
Di kota kuring kiwari keur ‘ demam ‘ kembang.
Meh unggal imah ngarukut kembang. Jeung deui lain harega murah murah. Aya nu
nepika ngayuta. Walah…!
Kawas Gelombang Cinta,
cenah nu dauna saukuran cinggir ge geus nepika saratus rewu. Komo deui nu geus
gede. Padahal mah da naon alusna. Ukur daun panjang. Pedah eta meureun dauna
ombak banyuan, numatak disebut gelombang
cinta ge. Taya kembangan. Teu cara ernawar atawa malati.
Kacipta we mun boga
saratus pot kembang kitu, kali sakitu ratus rewu, beu… beunghar temen! Da ceuk
pamikir kuring nu awam, masing dibere ge pasti….daek! Lumayan dijual he he!
“ Saenya dauna ombak
banyuan alias bergelombang kieu.’ Cekeng tamba henteu teuing ngomentaran.
“ Tah ieu kembang nu nuju
trend teh, anthorium alias Gelombang Cinta. Pangaosna ge dugika jutaan.’ Cenah
nerangkeun mani sumanget.
“ Mugi mugi cinta urang
mah teu jiga daun Anthurium ieu. Ombak banyuan, ngagalura, bergelombang. Tapi
sing tentrem ayem, mulus rahayu, rata taya tanjakan nu jadi hahalang. Wios ari
awisna mah, he he.”
“ Amin!”
“ Eh, ari ieu kembang
naon, mani sae kieu tangkalna jiga bonsai?’ Kuring nanya deui. Curuk nunjuk
sawatara pot nu dieusi ku kembang nu dibentuk atawa di bonsaikeun. Harita keur
marangkak kembangna, aya nu kayas, beureum ati, nu bodas, nu lucu mah aya
satangkal kembangna aya tilu rupa, kayas, beureum ati jeung bodas.
“ Tah nu ieu mh namina Adenium alias samoja
jepang. Nu kieu mah tiasa di bonsaikeun. Mung kedah kapanasan wae. Teu kenging
digojobor teuing nyeborna, sok buruk tsngkslna. Melakna ge sanes na taneuh,
tapi na keusik malang
atawa lebu durukan huut badag. Mun dina ngangge taneuhna ge paling ukur sapuluh
persen. Diceborna cekap saminggu sakali.” Cenah nerangkeun mani capetang.
Kuring mah ukur unggut unggutan.
“ Saleresna mah aya opat
rupi warna kembangna aya nu kayas, bureum ati, bodas sareng hideung. Malih ketang
ayeuna mah tos aya varietas anyar warna koneng. Nu dua warna pandeuri mah
langki. Abi ge teu acan gaduh. Hoyong puguh ge. Mung cenah nu hideung mah teu
cocok na cuaca urang mah. Kedah dinu panas pisan. Tara
sae jantena..” Cenah neruskeun kateranganana.
“ Nu kieu mah tiasa ditempel.
Janten dina satangkal teh tiasa aya sababaraha rupi warna kembang. Mung
nempelkeuna kedah kunu ahli. Sapertos kembang kertas geuning.” Cenah deui.
“ Abi resep kanu bodas nyacas. Upami diibaratkeun
mah lir istri nu ngurusna. Geulis lahir bodas batin.” Cekeng.
“ Gombal, punten teu aya
receh.”
“ Leres.”
“ Gandeng ah, ari taeun
teh. Eh resep teu kana kembang?”
“ Eeeeng…, Resep.” Cekeng
asa asa.
“ Bohong.”
“ Leres, tapi nu kitu
tuh.” Cekeng bari
nunjuk kana adenium nu kembangna bodas.
“ Oh, adenium eta. Ke
atuh ku Dini dipaparin hiji. Da kaleresan seueur, aya sapuluh pot. Tapi kade
diurusnya!”
“ Ulahlah bilih paeh.
Sareng pan nu kitu teh pangaosna awis.”
“ Wios, ke cara ngurusna
mah diwartosan ku Dini. Ieu mah etang etang katineung we ti Dini. Supados emut
wae ka Dini.”
“ Nya atuh ari maksa
mah.” Cekeng eleh deet.
“ Tapi adeniumna teu acan
kembangan. Saur nu ngicalna mah kana dua sasihan deui kembanganana teh. Saurna
mah indungna warna kembangna b odas.
“ Oh.” Cekeng. Najan teu
yakin resep ge antukna mah narima oge kembang ti Dini. Lain nanaon, mun nolak
inggis Dini nyeri hate, kumaha mun nepika baruntak?
Dasar jelema aneh aneh
wae. Ari ceuk pamikir samoja mah tempatna di makam. Lain di pakarangan imah.
Ieu mah der diparindahkeun kana pot dialus aluys. Nepika hargana ge ngajaul ka
alak paul.
Duka aya wirasat naon,
kiwari saeusi nagri keur gandrung kana kekembangan. Meh unggal suhunan ngukut
kekembangan. Lain kembang impor wungkul, dalah tatangkalan urang nu geus kaluli
luli ge kiwari dipindahkeun kana pot, saperti cariang beureum nu baheula mah
ukur jadi pangbungkus peuyeum , kiwari mah dijualan na pot. Sente hideung,
katut ka taleus nagri parindah kana pot na tehel bodas imah gedong. Baheula ge
mangsa usum bonsai nu dauna plastik, tina akar nu dibalik balikeun, ngajadi
hiji wirasat, runtagna pamarentahan orde baru! Ari ayeuna usum ngarukut
kembang….? Ah, percaya percaya teuing kanu kararitu. Marengan we meureun harita
mah.
“ Tapi kade nya piara
sing leres!” Dini nyarita deui.
“ Insyaalloh. Mugia kembang
ieu sing tiasa kapiara salamina lir kapiarana rasa cinta urang duaan” Cekeng
“ Amin.”
* * *
“ Urang ngabaso ka Si
Gendut yu!” Cekeng, bubar kuliah.
“ Teu purunlah. Urang
ngabaso payuneun kampus we yu!” Cenah. Kuring unggeuk.
Geus sababaraha poe ieu paromana bangun alum
teu hegar cara sasari lir aya rusiah nu disidem dina hatena. Katara asa loba
ngalamun
Sajeroning ngabaso ge teu
galecok ngobrol cara sasari. Leuwih loba ngahulengna tibatan nyaritana.
“ Ditingalikeun the ahir
ahir ieu jiga nu lesu wae. Kunaon udur?” Cekeng.
“ Henteu.” Cenah pondok.
Terus ngahuleng deui.
“ Bade uih?” Cekeng muka
deui caritaan.
“ Urang calik heula
diditu yu, di taman kampus!” Manehna anggur ngajak ka taman kampus.
“ Bade naon uih deui ka
kampus? Tos jempling, teu aya sasaha.”
“ Ah cuang kaditu we, Aya
pisanggemeun. Didieu mah teu rineh.”
Kuring majukeun deui
motor balik deui ka jero kampus. Kaayaan kampus geus simpe. Mahasiswana geus
bubar. Kantor prodi ge geus dikoncian.
“ Bade nyarios naon
kitu?”
Cekeng sanggeus diuk
paduduaan na bangku taman handapeun tangkal nu linduk.
Manehna sakedapan
ngahuleng. Tungtungna sajongjonan mah ngadon paheneng heneng. Sanggeus rada
lila teu wudu kaluar oge caritaan tina biwirna.
“ Tapi sateuacana mugia
ulah nyeri hate, bendu, sumawona janten keuheul ka Dini, upami ayeuna Dini
nyanggemkeun hiji hal.”
“ Ari kitu kumaha?” Walon teh daria.
“ Dini teh nuju bingung.
Dini ku apa dijodokeun ka Kang Farid, guru SMA, malih mah saurna calon kapala
sakola. Taun ieu, beres wisuda S2 Kang Farid, Dini kedah nikah sareng anjeuna.”
Cenah halon.
Puguh we kuring
ngadayagdag ngadangu obrolan Dini bieu. Mun
enggeus mah lir ngadangu gelap saleser tengah poe ereng erengan. Sirah
jeung dada ngadadak karasa nyeri lir nu ditakol kupalu gede. Aneh, jaman
kiwari, masih aya keneh carita Siti Nurbaya kajadian.
“ Pamendak Dini nyalira
kumaha?” Kuring nyoba nanya ku sora nu ngageter.
“ Dini ge alim megatkeun
duriat urang duaan. Tapi Dini bingung. Dini alim ari kedah ngalawan ka sepuh
mah.” Cenah. Cipanon mimiti merebey mapayan pipina.
Kuring jeung Dini
sakedapan ngadon paheneng heneng teuleum na alam pikiran sewang sewangan. Ukur
sora inghak Dini nu kadangu.
Mun teu inget
dikalalakian mah kuring ge sarua hayang ceurik jejeritan. Bet asa diteungteuingan
ku nasib. Nasib teh bet asa kieu kieu teuing. Asa cikeneh manggih kabungah,
kiwari geus kudu nyorang deui cimata.
Tapi kuring teu bisa
ceurik. Cimata kuring ngadadak saat disedot lambaran lamunan tunggara nu baris
kasampeur dihareup.
Sanggeus sawatara lila
paheng heneng, ahirna kuring mimiti muka deui caritaan.
“ Dini, sok abi mah rido.
Saur pangemut abi meuning tumutkeun kapalay sepuh. Ieu hiji tawis males budi
tur babakti ka sepuh. Ku tinimbangan moal mungkin hiji sepuh ngusrukeun putrana
kana jurang kasangsaraan. Pilihan sepuh pasti mangrupi hiji hal nu pangsaena
pikeun putrana. Sok meuning ge tampi, asa cop. Dini calon ibu guru, itu calon
kapala sakola. Abi mah S1 ge can karuhan rengse. Ayeuna ge biayana tos ngawitan
seuseut seuat, Ngan peupeujeuh omat
kuliah Dini ulah dugika reuntas ditengah. Sok sanaos tos rumahtangga ge taya
bayana mun bari
kuliah.” Cekeng nyoba tatag. Padahal na tikoro beu nyelek ku piceurikeun. Hate
peurih lir digerihan ku hinis.
“ Tapi kumaha nasib
hubungan cinta urang. Naha
kedah pegat kitu wae?” Dini bari
rambisak malik nanya.
“ Nya dalah dikumaha. Ieu
sadaya demi pikahareupeun Dini. Keun carita cinta urang mah urang teundeun di
handeuleum sieum. Ngan ukur pantes jadi hiji rasa tineung.”
“ Tapi?”
“ Teu aya tapi. Meureun
lamun ayeuna urang teu tiasa ngahiji di dunya, muga muga di aherat juga urang
bisa laksana .” Cekeng sari sari putus asa.
“ Sareng micinta sanes
hartosna kedah mibanda. Seueur keneh cara kanggo mikanyaah.”
“ Tapi urang masih keneh
tiasa janten sobat?” ini nanya deui.
“ Insyaaalah.” Cekeng
hambar.
Sora alam simpe. Ukur
sora daun garing nu ngoleang murag ninggang lemah, mirig inghakna Dini nu masih
keneh nyuuh na dada.
Gelombang cinta,
anthurium, kiwasri diri kudu ngalaman leumpang nyorang jalan cinta nu rinjul ,
malah nepika labuh tikolesedna teu wasa leumpang dina galura kaayaan nu
dikakaya nasib jeung waktu. Rarinjul, ombak banyuan, ngagalura, bergelombang,
lir daun Gelombang Cinta.
* * *
Dini, jungjunan ati, teu
karaos tilu sasih tos kalangkung tisaprak kajantenan di taman kampus tea.
Tingali adenium nu dipaparin ku Dini kiwari mangkak kembangna. Tapi katingalina
teu endah anggur geueuman. Tukang kembang nu ngical kembang eta ka Dini lepat
naksir. Adenimu teh kembangna sanes bodas, tapi hideung! Sapertos nu dipikahoyong
ku Dini.
Jungjunan, meh sasih tos
kalangkung. Asa kamari diri ngagukguk ceurik na tutunggul luhureun taneuh
beureum nu baseuh ku reumis jeung cimata. Diri mileuleuyankeun anjeun nu geus
mayunan miheulaan madep ka Gusti.
Tisaprak kajantenan di
taman kampus, brek anjeun udur wales. Teu aya doktor sumawona tabib nu tiasa
ngadamangkeun deui anjeun. Titis tulis ti ajali, kemis enjing dijajap girimis
anjeun ngantunkeun alan fana, ngantunkeun karungsing di dunya kanggo salawasna.
Aya hiji hal nu moal hilap
dugika kiwari, anjeun kungsi ngaharewos memeh mulang ka kalanggengan. kasakit
abdi moal damang ku obat ti doktor, lantaran kasakit abi lain kasakit biasa,
tapi kasakit ati lantaran pegatna duriat. Kitu harewos panungtungan ti anjeun bari ngembeng cisoca,
jungjunan. Gambaring serat asmarandanana nu teu cacap tapi moal laas ku mangsa.
Jungjunan, adenium
kembang hideung ku diri dipelak na tunjangeun pajaratan anjeun. Kahoyong anjeun
kiwari tos laksana, hoyong ngagaduhan adenium nu kembangna warna hideung.
Tangkal samoja asalna ti makam nya balikna deui ge kudu ka makam,. Pon kitui
deui manusa asal ti Alloh nya pangbalikanana deui ge ka Alloh.
Wilujeng angkat,
jungjunan. Teu sangki Adenium teh janten
kembang pamungkas nu dititipkeun ka diri tur nyatana tetela kembangna sanes
bodas tapi hideung lir hideungna jalan carita cinta urang.
Jungjunan, adenimu
hideung na tunjangeun pangrereban abadi anjeun, mugia teu buruk ku hujn jeung
reumis janari. Poe isuk lambaran carita anyar.
Café Galuh, 080108




Tidak ada komentar:
Posting Komentar