Pages

  • Twitter
  • Facebook
  • Google+
  • RSS Feed

Rabu, 09 April 2014

ANTARA I JEUNG I

Tidak ada komentar:
 
Oleh : Unang Sumarna

HP disada. Aya SMS asup. Ku kuring diangkat. Ti Isti, kuring nyerengeh.
     “ ass nj naon yeuh?” Cenah. Ku kuring dibales,
     “ Nj sntey we. Aya nn kt? Tos sono nya””
      “ Ich ta UU yah! Kdieu ath ari sty mah. Is teu aya btr ddieu.”
     “ Siap!”
     “ Mun kdieu cdk mklh kjian puisi ind. Urg ngjkeun tgs ssrngan.”
     “ OK, yang. Ke  bd ombeh heula. Nj ngaheujeun yeuh,”
      “ Ich jrk. Paingan bau ath kdieu. Cptan diantos.” Cenah nutup acara Smsan.
      Kuring jeung Isti sakelas, sarua mahasiswa tingkat dua sastra Indonesia disalahsahiji paguron luhur di kota kuring.
      Geus meh opat bulan kuring jeung Isti jadian, Meureun ku bisa kituna teh dumeh mindeng pagilinggisik jeung utamana mah sakaresep, sarua resep kana puisi. Isti mah jago macana, malah kungsi juara pasanggiri maca sajak sakabupaten, sedeng kuring mah meureun bagean nyieuna. Da ari dititah maca mah komo hareupeun umum sek aya de pe alias demam panggung.
     Isti mojang nu dedeganana jangkung leutik. Pakulitan bodas, Buuk meles ngarumbay sed saeutik luhureun cangkeng. Kacapanon minus hiji mapaesan pameunteuna.
     Geulis ceuk sasaha ge Isti teh, ngan hanjakal rada cuek. Malah ngaharib harib kana tomboy kalakuanana teh. Tapi justru didinya daya tarikna .
     Mun ngobrol teu bisa kalem siga putri karaton, cerewed nerewelang jeung mun seuri ngagakgak teu bisa nahan.  Asa bisa diitung ka kampus make erok, mun rek ujian wungkul. Sasarina mah cukup calana panjang pleus t- shirt. Kungsi bari heureuy dititah rada anggun. Hih da teu kireum kireum, beginilah sayah adanya, cenah bari ngahahah.
     Kuring sok kateter jajaten mun ngobrol jeung manehna. Komo mun paadu paham soal sastra. Kuring mah ngomong teh kakara sakecap. Manehna mah geus lima kecap.
     Cicing cicing loba nu neundeun hate ka Isti, tapi Isti anggur mikeun hatena ka kuring. Nu ceuk sareat mah bisa disebut mahasiswa ledrek, can opat poe mah calana panjang dipake dipeleter ka kampus, can hayang salin. Baju ge anti dileot. Sedag sedig bin ledrek pokona mah.
     Pasangan serasi sarua cuekna ceuk babaturan tea mah ngagonjak. Wallualam naha murni muji atawa sinis.
*     *     *
     Kuring geus anjog ka imah Isti. Imah sigrong pulas bodas. Buruanana lega pinuh ku kekembangan. Ditengahna aya babalongan leutik make airmancur.
     Kuring mencet bel nu naplok na panto, teu lila panto aya nu muka tijero.
     “ Lami pisan sih, mani kesel ngantosan.” Cenah rada ngagadeud.
     “ Tuda bade teu nineung kumaha, nu diantosana sakieu kasepna.” Cekeng bari nyerengeh. Isti jebi.
     Kuring diuk dirohang hareup.
     “ Bade eueut naon?” Isti nanya.
     “ A O we upami aya mah.” Cekeng saengabna.
     “ Oh A O, angeun oyong. Ke atuh cuang diseblokeun kana mastaska didinya.” Cenah bari molotot. Kuring ngaheheh.
     “ Heureuy atuh Is. naon belah. Naon ogenan upami nu nyayogikeunana nu geulis mah sok karaos nikmatna.” Cekeng rada gombal.
      “ Ngga atuh upami kitu mah. Itu aya sesa racun serangga di dapur. Bade ngangge es atawa moal.” Teu eleh geleng bisa we nembalana mah.
      “ Mangga, asal sasarengan we ngarotna.” Cekeng. Isti jebi. Terus ngaleos katukang, taksiran rek mairan cai.
     Teu lila Isti geus jebul deui bari mawa gelas dua eusi cijeruk.
     “ Mana makalah teh?” Isti nanya deui.
     “ Tah ieu.” Tembal teh bari ngasongkeun makalah ka Isti.
     “ Tugasna mana geura, sok urang kerjakeun.” Cekeng deui. Isti ngaluarkeun buku catetan tina kantongna.
     “ Parentahna teh identifikasi hakekat dan metode puisi dari puisi puisi dibawah ini.” Isti ngajelaskeun.
     “ Alah, enteng atuh nu kitu mah.’ Cekeng.
     “ Sok atuh kerjakeun!” Isti muncereng.
     “ Hakekat puisi aya opat, nyaeta tema, nada, rasa jeung amanat. Tema mah mangrupa pikiran utama tina puisi.  Ari  rasa mah sikep nu nulis kana objek puisina, naha sedih, bungah atawa cinta. Ari nada mah, sikep pangarang kanu maca, naha midangdam, mapagahan jste. Tah lamun amanat mah nyaeta pesen nu hayang ditepikeun pangarang kanu maca. Saterusna mah metode puisi aya lima nyaeta, diksi, majas, image, kata nyata, rima jeung ritme…”Cekeng. Saterusna kuring ngadon padungdengan ngabahas tugas puisi tea.
     Diluar hujan mimiti pras pris. Ngalieuk kana jam dinding, tabuh lima. Teu lila breg kadenge hujan ngagedean lir nu dicicikeun ti langit.
     “ Bade tuang?” Isti nanya sanggeus rengse ngerjakeun tugas kuliah. Kuring gideug.
     “ Kamarana ieu teh. Asa tariiseun kieu. Tibarang hol asa teu kadangu sora jalmi.”  Cekeng bari luak lieuk. Leungeun ngodok saku kameja ngaluarkeun roko. Sut disundut hiji.
     “ Teu araya. Apa sareng ibu nuju kauleman. Rai ge diajak.” Cenah.
      Diluar hujan beuki seah. Kapegung yeuh teu bisa balik. Jarum jam dinding terus maju. Teu karasa geus liwat magrib. Kulawarga Isti ge can marulang. Sarua tayohna mah kapegung hujan.
     “ Ke we uih mah ngantosan hujan raat. Apa sareng ibu ge jigana mah kapegung hujan.” Isti nyarita jiga nu terus rasa. Kuring unggeuk. Sajongjonan mah ngadon paheneng heneng.
     Karasa angin tiis ngagelebug kajero. Kuring ngadeukeutan Isti. Nu tadina diuk pahareup hareup kiwari jadi pasgegeye na korsi panjang. lalaunan raramo Isti nu lalencop mucuk eurih ku kuring dirawu. Teu nolak. Anggur nyarandekeun sirahna kana taktak. Teu, teu seungit farfum. Si eta mah anti make farfum.
     Ku kuring lalaunan buukna nu panjang diusapan. Hawa tiis nu nyacep diluar kasilih ku hawa haneut tina kakuatan cinta. Rasa endah jeung rasa asih pagaliwota dina dada dua insan nu keur mabok cinta. Geleterna nyelesep sakujur raga. Lalaunan tarangna ku kuring diambung. Manehna peureum.
*     *     *
     “ Nanaonan sih…!” Isti nyurungkeun dada kuring satarikna bari nyentak. Kuring ngagurubug, satengah luncat ngajauhan Isti.
     “ Astagfirullahaladzim.” Kuring istigfar. Awak kuring geus neueul kana awak Isti. Ampir wae kasorang laku lampah nirca.
     Kuring jeung Isti memener pakean nu sing sarwa kusut. Allhamdulllah Ya Alloh, kuring jeung Isti ditangtayungan keneh, teu nepika ngalakukeun pagawean nu dilarang agama.. Hawa tiis jeung simpe ampir wae ngagebruskeun kuring duaan kana jurang kahinaan. Kacipta mun kajadian setan baris seuri ambal ambalan hasil nyered kuring duaan jadi batur maranehna pikeun ngeusian naraka nu seuneuna ngabebela.
     Isti ceurik bari nungkupkeun dua dampal leungeuna kana beungeut.
     “ Hapunten Is.”Cekeng dareuda. Aya kahanjakal sakaligus rasa ngemplong jero dada.
     Isti teu nembal. Ukur taktakna nu oyag oyagan. Sisimekeun.
     “ Tos ulah nangis. Urang malah kedah sukuran. Urang teu nepika ngalakukeun nirca. Urang masih ditangtayungan ku Alloh teu nepika ngalakukeun jinah. Ampir wae mahkota urang duaan leungit gara gara pangajak hawa nafsu.” Cekeng bari ngadeukeutan Isti. Leungeun ngusapan buukna. Taya nu cacarita. Bener ceuk paribasa lamun paduduaan dinu simpe sok aya pihak katilu nu nembrong nyatana setan.
     Sakedapan ukur sora tik tekna jam dinding nu naplok na tembok jeung sora sisimekkeunana Isti nu kadangu. Diluar hujan mimiti raat. Kuring amitan ka Isti.
     Lebah lawang panto panona nu pinuh ku rasa asih diteuteup ku kuriong. Liuk linduk cop jang pangreureuhan diri nu leuseuh diayun ambing impian. Jauh, jauh pisan jeung sasari nu kalakuanana tomboy.
     “ Ludeung nyalira di bumi?” Kuring nanya memeh jung. Manehna unggeuk.
     “ Hapunten nya Is.” Kuring nyarita deui. Manehna unggeuk bari maksakeun imut. Leungeunas ku kuring diranggeum, manehna males ngaranggeum siga nu embung pukah. Celengok diambung.
     Diluar bulan mimiti kaluar seja makalangan, nyilih kalangkang hujan nu tadi ngawasa langit.
*     *     *
     Sabun, odol, sampo geus beak. Maksud teh kuring sore ieu rek balanja ka Yogya ( dept store ).
     “ Kang Nang!”  Kuring rungah ringeuh. Kana ceuli kadenge sora nu ngagentraan ngaran kuring. Sora awewe. Kuring nglieuk ka lebah datangna sora.
     Seblak, hate ujug ujug mnyeblak. Hate dak dumadak ratug tutunggulan. Kuring nyampeurkeun wanoja make jilbab nu bieu ngagentraan.
     “ Ida. Leres Ida ieu teh?” Kuring mehmehan teu percaya. Manehna imut bari nyolongkrong ngajsak sasalaman.
     “ Damang?” Manehna nyarita.
     “ Sae, sawangsulna?”
      “ Allhamdulilah.”
     “Dimana ayeuna teh Da?” Kuring nanya.
     “ Aya we didieu. Itu nuju nganjang ka teteh.” Cenah bari nunjuk kalebah hiji warung nasi nu aya na palataran Yogya. Ras kuring inget yen memang lanceukna teh muka usaha warung sangu na palataran Yogya
     “ Sanes di Bogor kapungkur teh?” Cekeng. Ras inget dua taun katukang inyana teh miang ka Bogor seja masantren.
     “ Ah da mung sataun masantrena mah. Ari akang dimana ayeuna?” Cenah malik nanya.
     “ Didieu, nuju ngadeg payuneun Ida,’ Cekeng. Manehna imut.
     Dua taun katukang kuring wanoh ka Ida teh. Tapi teu boga rasa nu istimewa, da kukarumasaan. Tangtungan kuring jeung inyana lir bumi jeung langit. Kuring mah tagog gembel sudag sedig. Manehna mah tagog santri teu weleh bareres beresih .
     Ku kuring teu diandel waktu loba nu nyalam nyalamkeun ti manehna. Angkeuhan teh jijieunan maranehanana wungkul. Tapi kuhantem diojok ojok mah leah oge hate teh. Hate geus gilig seja silih belaan cinta jeung Ida.
     Tapi hanjakal, cinta teh layu memeh mangkak. Memeh kuring kaburu wakca ka Ida, inyana geus miang manten seja nyuprih deui elmu alias masantren ka bogor. Ninggalkeun kuring jeung sajuta harepan nu reuntas. Teu, teu kungsi panggih deui heula.
     Kuring ge teu kateterusan kagegeringan. Kuring ge lahaola seja neruskeun deui sakola. Kuring taun eta seja neruskeun kuliah, nepika pamustunganana panggih jeung Isti.
     “ Serieus atuh kang. Dimana ayeuna teh?” Manehna nanya deui.
     “ Urang dilebet we yu ah ngobrolna ambeh rineh. Didieu mah isin seueur nu lalar liwat.” Cekeng. Manehna unggeuk.
*     *     *
     Kuring diuk pahareup hareup di kafe jero Yogya. Manehna mah pesen oren jus, kuring mah nyanghareupan koka kola.
     Seblak, hate pakseblak mun inget deui kana carita lawas. Cinta nu kapendem teu kungsi kabudalkeun, kiwari mangkak deui. Sawangan cinta jeung Ida mimiti ngarobeda jero dada. Terus pagaliwota. Piligenti nembongan jeung kalangkang Isti.
     “ Ngadangu teh saurna kuliah nya?” Ida nanya. Keukeuh panasaran.
     “ Wah hebat atuh?” Cekeng
     Dua taun waktu teh asa sajorelat. Teu disangka sangka teu dirancana bet kiwari panggih deui. Kacirina manehna leuwih dewasa jeung leuwih geulis.
     “ Ka urang mana kitu kabogoh the ayeuna Da?” Cekeng muka deui obrolan.
     “ Duka, da teu can ngemut kadinya.” Cenah.
     “ Kumaha atuh upami ayeuna cios dilamar ku akang.” Cekeng. Lohong tidituna mah.
     “ Upami akang serieus mah teu aya pamengan. Abi mah seja ngiringan. Istri mah dulasng tinande. Kapungkur ge masing uhun resep ka akang da ngantosan ditaros ti payun ku akang. Meureun ieu tos takdir tinu maha kawasa urang tiasa pendak deui.” Cenah sadrah, teger tur daria pisan dina nembalanana. Taya riuk riuk heureuy. Luk tungkul;. Katara pipina bareubeu beureum. Tina juru juru panona ngalembereh cai herang lir mutiara.
     Jelebet kana dada asa aya nu neunggeul satakerna. Kuring istigfar jero hate, kakara sadar. Naha bet diri wani nyarita kitu. Antukna ku manehna ditampa kalawan daria.
     Dada karasa eungap lir nu diheumpikan batu sagede nanahaeun Kakara sadar manehna mah moal bisa diajak banyol. Masing enya kuring kungsi neundeun hate ka manehna, tapi da ayeuna mah geus beda mangsana. Tada teuing nyeri jeung raheut hatena saupama apal yen eta teh teu dines?
     Barasatt barasat, kalangkang mamanis jeung Isti salila ieu narembongan. Piraku kudu hianat? Isti nu geulis, pinter, bageur, satia, asa kurang kumaha?
     Ret deui ka awewe nu aya hareupeun. Hate teu bisa disumputkeun ,kuring bogoh kamanehna, sok sanajan geus lain mangsa. Manehna nu lungguh, soleh, jago ngaji, nu kungsi ngeusian lambaran lamunan kuring sawatara taun katukang.
     Gusti naha biwir the bet ujug ujug ngacapruk teu puguh, jeung ujug ujug wani ngedalkeun kitu? Akibatna…?
     Bingung kudu kunaha pilakueun.
     “ Kumaha Kang?” Manehna nanya kebek harepan.
     Kuring ngaheruk. Bingung. Bingung! Dunya asa ngaheureutan.  Langit asa tungkeb, asa jujumplukan murag ninggang raga. Eungap ku kabingung..
     Bingung. Rarasaanm cahya lampu asa serab patringbarasat kana heherang panon. Kalangkang dua awewe ucang ucang na kingkolak mata. Antara I jeung I.  Kudu kumaha pilakueun kuring kiwari?


                                                                                                     CAFÉ GALUH, 200407

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
© 2012. Design by Main-Blogger - Blogger Template and Blogging Stuff